Sangkuriang Nyaleg (66)
"Naha maké teu acan aya? Ucing naon maksud Mamang?"
"Ucing gering,"
"Ah, naha jigjig ka dinya, Mang!" omongna.
"Euh, ari manéh kunaon, Pir? Dititah nanyakeun imah Sangkuriang nyari jadi aka mana mendi!" omong dununganana.
"Da si Mamang anu kitu téh?" supir nyalahkan tukang parkir.
"Salira, Nun. Anu tadi naroskeun ucing? Naha ngalepatkeun abdi simkuring," jawab tukang parkir, ngarasa teu ngeunah ogé disalahkeun teu puguh-puguh.
"Pir, maneh mah geus ngalegaan deui ka mana mendi nyarita téh. Langsung kana poin atuh, ulah maké jeung kudu néngan kambing hitam sagala?"
"Deuh, asa lieur ngabandungan jalam kiwari, ti tadi kénéh. Nu hiji ngomongkeun ucing gering, nu ieu ngomongkeun kambing congé, aéh hitut, hitam. Mana nu waras,"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!