Sangkuriang Nyaleg (66)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang teu nyarita deui ukur neuteup sakeudeung ka tukang parkir, laju malik ninggalkeun éta patempatan.
TUKANG parkir bati simeuteun, teu ngarti kana naon rupa anu diomongkeun ku Sangkuriang, nu diteuteupna jongjon leumpang muru ka imah kontrakanna nu pernahna tungtung gang.
"Nyaan, poé ieu loba jalma anéh nu geus kabandungan ku kuring?" jung cengkat markiran deui, dibarengan ku hulang-huleng.
Keur jongjon markiran rentang-rentang aya nu datang, éta jalma téh tarurun tina mobil anu cik kéneh diparkirkeun ku manéhna.
"Mang,"
"Kulan, ka, abdi, Sun?"
"Lain ka ka ucing!" omong nu nanya bari seuri kuda.
"Baruk, dipalih mana ucingna da wayah keiu mah teu acan aya?"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!