Sangkuriang Nyaleg (61)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Sukur atuh ari kitu mah. Aman keur saheulaanan mah," omongna seuri maur.
"ANGGER kuring moal bisa balik,"
"Balik mah balik wé ngan kudu ucing-ucingan,"
"Heueuh nya?" semu seunggah.
"Kula percaya anjeun mah bisaan nyieun ékol Lur,"
"Jéngkol aya usumna, ari engkol mah apanan unggal poé gé aya," omongna.
"Nu matak ayeuna mah Ki Dulur bébas arék kumaha waé ogé?"
"Heueuh atuh lamun kitu mah? Ngan anu jadi anéh pikeun kuring ayeuna naha kiwari deukeut ka pemilu téh jadi loba jalma nu kawas Mamang?"
"Maksudna?"
"Nya kitu lah," jep teu ngomong, ukur ngagerentes jero hate, 'Loba jalma anéh? Lamun disebutkeun jalma Bihari nu ngajang ka alam kwari asa mustahil, tapi ieu mahleuwih deukeut kana gangguan jiwa, kawasna?"
"Naha kalahka tuluy ngahuleng, Lur?"
"Lain ngahuleng, ngan teu werat nyaritakeunnana,"
"Keun waé ulah dicaritakeun atuh,"
"Apal kitu naon anu keur dipikirkeunkukuring, Mang?"
"Nyéta henteu matak nanya gé,"
"Sukur ari henteu mah, Mang?"
"Naha?"
"Lain naha, matak cilaka lamun Mamang apal kana kereteg haté kuring,"
"Ngomongkeun?!"
"Tah, éta untungna teu apal kana kereteg haté téh, Mang. Aya paribasa laut mah najan jero bisa diteuleuman, haté mah najan déét teu bisa dikobét,"
"Bener tah omongan téh, Lur." Sangkuriang tuluy ngahuleng, ras inget deui ka awéwé nu ngaran Eulis. Naha bener manéhna téh lain Dayang Sumbi?
"Tuh nya, Mamang mah, geus ngahuleng deui mikiran awéwé?"
"Deuh, naha gening anjeun mah apal kanu keur dipikiran ku kula?"
"Ih, kuring téa atuh?"
"Tadi ceuk ki dulur haté teu bisa dikobét?" Sangkuriang kerung.
"Oh, hoo," si Riweuh ngarandeg nyaritana. 'Padahal aing ngomong téh paduengab, naha perlu dibohongan kitu?'
"Naon, Lur?"
"Henteu, Mang. Kawasna éta mah ukur kabeneran,"
"Ngan asa mindeng menerannana? Boa ki Dulur mah pura-pura teu boga élmu?"
"Teu, lamun kula sakti mah kawas Mamang meureun moal ngénta tulung," omongna.
"Boa ki Dulur mah jalma anu keur nyumput dinu caang?"
"Henteu, Mang. Teu meunang boga pikiran kitu! Anu jelas Mamang nu nganjang ti alam bihari ka alam kiwari?!"
Sangkuriang dijawab kitu téh sangkaanana beuki tarik, ngabogaan anggapan lamun manusa anu keur disanghareupanana téh bisa jadi sajaman jeung dirina nu nganjang ka alam kiwari.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!