Sangkuriang Nyaleg (57)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Sukur lamun kitu mah, Pot. Jadi sarua manéh ogé boga pasualan jeung mangkeluk anu ngaransi Riweuh, Pot?" tanyana sumanget.
"KANTENAN wé,"
"Nyaan nya si Riweuh téh teu kasaha-saha? Jeung manéj naon pasualanana, Pot? Naha nganjuk duit tuluy hésé modol...aéh hésé mayar?"
"Tuh, nya geus pok deui ngabodor? Ulah maksakeun ceuk kuring ogé garing?!"
"Tong kitu, Pot! Sakali-kali mah kula gé hayang,"
"Naon?"
"Pais suung!"
"Sugan kuring ngabodor, Ma?"
"Lain, ari jeung manéh naon pasualannana tah si Riweuh téh?"
"Kepo?"
"Oh, keponya? Kurang ajar atuh lamun kitu mah, dagor caréhamna," omongna kekerot. "Ké ari kepo téh naon?"
"Deuh, sugan téh apal?"
"Kepo téh noong pamajikan batur keur mandi di pancilingan," jawabna.
"Ah, nyaan?" pikirna. Asa beuki parna ieu manusa nu ngaku Rama Bargawa téh, kawasna panyakitna leuwih beurat batan Sangkuriang.
"Naha kalahka ngahuleng, Pot? Teu kudu hariwang, keun cuang téangan jeung kula ari can panggih jeung si Riweuh mah. Sarua kula gé keur néngan manéhna, Pot,"
"Apal kuring gé, mun panggih arék dikumahakeun?"
'Ari manéh apal ka si Ruweuh, rupana siga kumaha, Pot?" tanyana.
"Har, sugan téh?" manéhna ngarasa bungah. "Sarua kuring gé teu apal?"
"Baé ari teu apal hartina aya batur? Urang téangan, salegana gé dunya?" omongna.
"Dunya ceuk emang heurin, da moal ka papay kabéh lah?"
"Ceuk saha, Pot? Gagabah nyarita téh ka papay atuh, ieu buktina, pan nepi ka ayeuna manusa anu ngaran si Riweuh acan kapanggih,"
"Asa lieur, Ma? Maksudna ka mana caritaan Mama téh, Ram?"
"Geus, ayeuna mah kula arék mulang heula isukan panggih deui di dieu! Omat?"
"Ayeuna arék ka mana?"
"Mulang, sakalian ngaliwat ka imah si Riweuh sugan geus balik tah manusa téh! Geus sababaraha poé saprak ditéangan ku kula ngiles ti imah,"
"Baruk? Ceuk saha?"
"Pamajikannana nu ngomong," gilek malikeun awak, gedig leumpang teu malik deui ka tukang.
"Untung?" si Riweuh mencrong tonggong anu leumpang ngajauhan. "Ngan aing jadi disebut si Cépot? Kajeunlah anu penting salamet!" gerendengna.
Nepi ka ngilesna tangtungan Rama Bargawa dilegleg ku léokna péngkolan, si Riweuh kakara bisa narik napas panjang.
"Hhhh, aman ayeuna mah," gerendengna bari ngusap dada.
"Kakara apal kitu geuning nu ngaku Rama Kawalon téh?"
"Naon, Réng?"
"Garéng?" tukang paekur kerung.
"Cicing! Kuring mah teu kabawa édan siga anu tadi, Lur. Ngan naha dulur siga kabawa jadi ngacapruk, maké nyebut Rama Kawalon sagala?"
"Masih kabawa ku kaayaan puguh,"
"Sugan téh kabawa teu cageur,"
"Teu, da tarang mah tiis," nyabak tarang sorangan.
"Maksudna naon atuh? Ngabodor? Lamun ngabodor sigana mah moal bisa, Lur!"
"Naha?"
"Moal aya nu hayang seuri garing? Kajaba lamun kaditu di ajar stones komédi! Sugan aya nu seuri,"
"Ah, teu bisa da kuring mah lain artis? Sohor gé henteu,"
"Geuning éta rumasa! Geus wé atuh siga ayeuna digawé. Paju wé anu kaélmuan ku urang ambéh geunah karasana."
"Sanés stones komédi panginten?"
"Oh, keun lah baé atuh salah sakitu mah da moal matak jadi beunghar atawa ngadadak miskin. Jeung moal aya jalma nu ngadadak dirugikeun deuih ku kasalahan kuring," omongna paduengab.
"Kumaha atuh saterusna?"
"Maké nanya kitu? Kumaha kuring wé, teu kudu képo kana urusan batur. Keun wé batur-batur urang-urang," témpasna.***
Hanca...
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!