Jadwal SIM Keliling Kabupaten Sumedang Hari Ini, Selasa 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Peringati Hari Pramuka ke-65, KDS Perkuat Semangat Pengabdian Generasi Muda 25 Aug 2026 122 Ribu Liter Air Bersih Disalurkan ke Warga Terdampak Kekeringan di Sukabumi 25 Aug 2026 12.517 Jiwa di Kota Sukabumi Terdampak Kesulitan Air Bersih 25 Aug 2026 5G-A Dukung Robot Humanoid Bertanding di Beijing 25 Aug 2026 BPBD Kota Sukabumi Catat Empat Kejadian Kebakaran Lahan Selama Agustus 25 Aug 2026 ECOVACS Bawa Robot Rumah Pintar ke Singapore Pop Toy Show 2026 25 Aug 2026 Konser Masih Jadi Primadona, Warga Hong Kong Makin Gemar Beli Tiket Mendadak 25 Aug 2026 VISI | Maulid Nabi: Peringatan atau Keteladanan? 25 Aug 2026 Bandung Great Sale 2026 Diserbu Pengunjung, Transaksi Terus Dihitung 25 Aug 2026 Jadwal SIM Keliling Kabupaten Sumedang Hari Ini, Selasa 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Peringati Hari Pramuka ke-65, KDS Perkuat Semangat Pengabdian Generasi Muda 25 Aug 2026 122 Ribu Liter Air Bersih Disalurkan ke Warga Terdampak Kekeringan di Sukabumi 25 Aug 2026 12.517 Jiwa di Kota Sukabumi Terdampak Kesulitan Air Bersih 25 Aug 2026 5G-A Dukung Robot Humanoid Bertanding di Beijing 25 Aug 2026 BPBD Kota Sukabumi Catat Empat Kejadian Kebakaran Lahan Selama Agustus 25 Aug 2026 ECOVACS Bawa Robot Rumah Pintar ke Singapore Pop Toy Show 2026 25 Aug 2026 Konser Masih Jadi Primadona, Warga Hong Kong Makin Gemar Beli Tiket Mendadak 25 Aug 2026 VISI | Maulid Nabi: Peringatan atau Keteladanan? 25 Aug 2026 Bandung Great Sale 2026 Diserbu Pengunjung, Transaksi Terus Dihitung 25 Aug 2026

Sangkuriang Nyaleg (55)

ED
Sabtu, 1 Oktober 2022 | 06:50 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (55)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, "Geus lah, ulah ngabodor, Ma! Moal lucu barina ogé, ongkoh euweuh bagian Rama Bargawa ngabodor mah. Sok bandungan moal aya nu hayang seuri macana ogé. Geus cicing!"

"BISA jadi?" omongna. "Kula hayang panggih jeung Gusti Rama, Pot,"

"Geus pok deui, apanan...tati..aéh...tadi ku kuring geus dikarungan, éh dibéjakeun! Dunungan téh keur nyaba sareng garwana,"

"Tapi manéh siga ngabohong ka kula?"

"Ngabohong naon ari Rama...Bargawa!?"

"Naha aya kitu ngaran Ranca Buaya di nagara Alangkah Indah.."

"Alangkah Indah, Aléngkadirja meureun? Barina ogé Aléngka mah lain nagarana Sri Rama,"

"Geuning manéh nyahok?"

"Gaul atuh?"

"Nagara saha coba Aléngkadirja?"

"Dusasana,"

"Kaciri siah ngawadulna?!" omong Rama Bargawa.

"Ngawadul naon kuring?"

"Éta tadi, teu apal?"

"Raja Aléngkadirja?"

"Heueuh, coba saha, Pot?"

"Ari ceuk Rama saha?"

"Saha..nya..poho deui?"

"Lamun kitu mah Mamang lain Rama Bargawa?"

"Manéh gé lain si Cépot siah!"

"Nu garélo adu renyom kénéh, bari teu jelas anu diobrolkeunana?" tukang parkir gogodeg

"Si Garéng ngomongna, Pot? Kawas ngomongkeun urang?"

"Réng, cicing manéh!" si Riweuh ngahuit.

"Naon, Pot?"

"Teu, Rama ayeuna arék tuluy kamana?'

"Kahiji hayang panggih jeung dunungan manéh Gusti Rama, soalna hayang apal getih sorangan, yeuh! Kaduna hayang panggih jeung manusia anu ngaran si Riweuh majar jager cenah, sarta ngajago, balaga!"

"Keun lamun Gusti Rama tas mulang ku kuring dibejakeun! Ngeunaan nu ngaran si Riweuh sarua kuring ogé hayang panggih," omongna.

"Sukur lamun kitu mah, Pot. Jadi sarua manéh ogé boga pasualan jeung mangkeluk anu ngaransi Riweuh, Pot?" tanyana sumanget.

"Kantenan wé,"

"Nyaan nya si Riweuh téh teu kasaha-saha? Jeung manéj naon pasualanana, Pot? Naha nganjuk duit tuluy hésé modol...aéh hésé mayar?"

"Tuh, nya geus pok deui ngabodor? Ulah maksakeun ceuk kuring ogé garing?!"

"Tong kitu, Pot! Sakali-kali mah kula gé hayang,"

"Naon?"

"Pais suung!"

"Sugan kuring ngabodor, Ma?"

"Lain, ari jeung manéh naon pasualannana tah si Riweuh téh?"

"Kepo?"

"Oh, keponya? Kurang ajar atuh lamun kitu mah, dagor caréhamna," omongna kekerot. "Ké ari kepo téh naon?"

"Deuh, sugan téh apal?"

"Kepo téh noong pamajikan batur keur mandi di pancilingan," jawabna.

"Ah, nyaan?" pikirna. Asa beuki parna ieu manusa nu ngaku Rama Bargawa téh, kawasna panyakitna leuwih beurat batan Sangkuriang.

"Naha kalahka ngahuleng, Pot? Teu kudu hariwang, keun cuang téangan jeung kula ari can panggih jeung si Riweuh mah. Sarua kula gé keur néngan manéhna, Pot,"

"Apal kuring gé, mun panggih arék dikumahakeun?".***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.