Sangkuriang Nyaleg (54)
ED
Editor
M Purnama Alam
Jumat, 30 September 2022 | 06:00 WIB
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Dibandungan ku aing ngobrolna téh kawas nu garélo," gerendeng tukang parkir bari nungkup sungut. Nahan piseuerieun, sabab ditungkup ahirna malik katukang jadi ngahiek.
NGIIIIIK, cénah rada panjang saeutik.
"Kéhéd jeung modol di dieu siah, Garéng!" Rama Bargawa nutup irung.
"Nyingkah, Réng. Teu sopan siah!" sentak si Riweuh, rada seuri konéng.
"Garéng?" tukang parkir kerung.
"Meugeus, heueuh aku wéh!" si Riweuh méré isarah.
Tukang parkir najan teu pati ngarti ogé nurut bari unggeuk, tibatan kudu adu hareupan jeung pasualan mah mending ogé ngaenyakeun, kitu ceuk pikirna.
"Garéng, sia meuni segak kieu! Goréng parab kawasna nya, Réng!?" gero Rama Bargawa bari mengkek irungna.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!