Harga Emas Antam Hari Ini Rp2,768 Juta per Gram 25 Aug 2026 Daftar Harga BBM Pertamina Hari Ini 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Jadwal SIM Keliling Kabupaten Sumedang Hari Ini, Selasa 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Peringati Hari Pramuka ke-65, KDS Perkuat Semangat Pengabdian Generasi Muda 25 Aug 2026 122 Ribu Liter Air Bersih Disalurkan ke Warga Terdampak Kekeringan di Sukabumi 25 Aug 2026 12.517 Jiwa di Kota Sukabumi Terdampak Kesulitan Air Bersih 25 Aug 2026 5G-A Dukung Robot Humanoid Bertanding di Beijing 25 Aug 2026 BPBD Kota Sukabumi Catat Empat Kejadian Kebakaran Lahan Selama Agustus 25 Aug 2026 ECOVACS Bawa Robot Rumah Pintar ke Singapore Pop Toy Show 2026 25 Aug 2026 Konser Masih Jadi Primadona, Warga Hong Kong Makin Gemar Beli Tiket Mendadak 25 Aug 2026 Harga Emas Antam Hari Ini Rp2,768 Juta per Gram 25 Aug 2026 Daftar Harga BBM Pertamina Hari Ini 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Jadwal SIM Keliling Kabupaten Sumedang Hari Ini, Selasa 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Peringati Hari Pramuka ke-65, KDS Perkuat Semangat Pengabdian Generasi Muda 25 Aug 2026 122 Ribu Liter Air Bersih Disalurkan ke Warga Terdampak Kekeringan di Sukabumi 25 Aug 2026 12.517 Jiwa di Kota Sukabumi Terdampak Kesulitan Air Bersih 25 Aug 2026 5G-A Dukung Robot Humanoid Bertanding di Beijing 25 Aug 2026 BPBD Kota Sukabumi Catat Empat Kejadian Kebakaran Lahan Selama Agustus 25 Aug 2026 ECOVACS Bawa Robot Rumah Pintar ke Singapore Pop Toy Show 2026 25 Aug 2026 Konser Masih Jadi Primadona, Warga Hong Kong Makin Gemar Beli Tiket Mendadak 25 Aug 2026

Sangkuriang Nyaleg (50))

ED
Senin, 26 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (50))

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, “Mikir waé jeung ngalamun atuh. Leuheung upama hasil ngalamun éta ditulis bisa jadi tulisan atawa dongeng, lumayan?”

“Lumayan?”

“Geus lah ulah ngabahas anu kitu! Naon maksud wayah kieu ngahudangkeun?”

“Beu, teu solat, Mang!”

“Solat naon?”

“Subuh,”

“Acan,”

“Gusti, wayah kieu acan solat subuh?”

“Tong dibahas, Lur!” omongna.

“Dulur naon maksud gegedor ka imah wayah kiwari? Nyaho ti saha imah kontrakan kula?”

“Tukang parkir nuduhkeun! Wayahna tulungan kuring, Mang!”

“Tulungan naon deui?”

“Rama Bargawa arék kadieu,”

“Apal ti saha, Lur?”

“Pamajikan bieu nga WA!”

“Sanghareupan, ulah ku méok méméh dipacok!”

“Teu nanaon ari jeung Mamang mah nyanghareupannana,”

“Sok, engké ku kula disampeurkeun lamun bener manéhna datang ka dieu!”

“Siaplah lamun kitu mah, Mang!” bungah.

“Jung, tungguan di hareup, Lur! Mapag boga musuh téh du tempat anu lega, ari teu bisa gelut di jero endog mah!”

“Anéh-anéh waé gelut di jero endog sagala. Acan gelutna capé, saméméh gelut capé ti heula mikiran kumaha carana asup ka jero endog. Kaburu boborot mantén,”

“Teu kapikiran mah geus wéh teu ku maksakeun di jero endog. Di hareup wé jung ambéh lega. Di baturan ku tukang parkir!”

“Heug ari kitu mah! Ngan oncom...éh omat,”

“Ulah ngabodor garing siah! Moal aya nu nyeungseurikeun barina ogé!”

“Maksud téh ulah telat ka hareup lamun musuh datang!”

“Moal, Lur! Kula datang di mana ki Dulur ka déséh!”

“Jangji!”

“Heueuh!”

Siap!"

“Heug, lamun kitu mah, Mang! Ditungguan ku kuring di hareup nya? Kadé poho, mang!” omong si Riweuh gagancangan muru ka hareup.

“Ngaganggu waé kula keur héhés téh,” Sangkuriang hudang. Manéhna ngadéd;engékeun gebligna suku si Riweuh anu ngajauhan buruan imah ngontrakanana muru ka hareup.

Kakara ogé si Riweuh anjog ka gigireun tukang parkir, rentang-rentang tangtungan jangkung badah sepir babalingbingan, buuk panjang sarta barodas, kitu deui kumis janggot katut godégna anu patpung ogé barodas. Ngan bédana ieu mah kaayaan awalna seger tur séhat.

“Mang, Parkir?”

“Sumuhun, Nun,”

“Ari éta ayun...ambing...éh na bet, teu meunang ngabodor nya aing mah apanan Rama Bargawa! Nu ngabodor mah keun bagian si Cépot!”

“Leuh, boa ieu mangkeluk téh sarua jeung si Mamang anu ngaku ngaran Sangkuriang sarua geringna. Loba jalma garering ngalencar kieu aingah?” si Riweuh anu kakara pajonghok harita jeung jinisna anu ngaku Rama Bargawa ukur gegerenengan jeung kumecrék.

“Mang, Parkir?”

“Kulan, andi, Sun,” rengkuh bari tungkul.

“Ari éti...éh...eto,”

“Éta panginten, Nun?”

“Heueuh, Lur. Anu gigireun saha?”

“Cicing, Lur. Kuring anu ngajawab,” si Riweuh ngarindat bari nyiku ka si tukang parkir. “Oh, nepangkeun atuh kuring Sri Rama!” omongna.***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.