Sangkuriang Nyaleg (50))
“Teu nanaon ari jeung Mamang mah nyanghareupannana,”
“Sok, engké ku kula disampeurkeun lamun bener manéhna datang ka dieu!”
“Siaplah lamun kitu mah, Mang!” bungah.
“Jung, tungguan di hareup, Lur! Mapag boga musuh téh du tempat anu lega, ari teu bisa gelut di jero endog mah!”
“Anéh-anéh waé gelut di jero endog sagala. Acan gelutna capé, saméméh gelut capé ti heula mikiran kumaha carana asup ka jero endog. Kaburu boborot mantén,”
“Teu kapikiran mah geus wéh teu ku maksakeun di jero endog. Di hareup wé jung ambéh lega. Di baturan ku tukang parkir!”
“Heug ari kitu mah! Ngan oncom...éh omat,”
“Ulah ngabodor garing siah! Moal aya nu nyeungseurikeun barina ogé!”
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!