Sangkuriang Nyaleg (4)

ED
Kamis, 11 Agustus 2022 | 06:30 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (4)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
  • Dina lalakon saméméhna Dayang Sumbi meredih ka Sangkuriang sangkan dipangnyieun parahu. Kalawan kudu réngsé dina waktu sapeuting, teu meunang kapiheulaan ku kongkorongok hayam. Hanjakal dina prakna mah Sangkuriang tinemu jeungka gagalan. Parahu tinggal ngageulisan, Guriang Tujuh paburisat, sieun nénjo datangna caang. Sangkuriang amuk-amukan, parahu ditajong, ngalayang ka jomantara. Kumaha salajengna? Mangga cuang bandungan terasannana.

AJLENG-AJLENGAN muru imah nu dicicingan ku Dayang Sumbi. Nepi kanu di tuju, suwung. Di goah panyepénan haseup menyan ngelun kénéh. Parukuyan ruhakna ruhay.

"Lumpat ka mana?" tumpa-tempo. "Naon nu nyababkeun ngejat ti imah? Ngadungakeun naon?" garo-garo teu ateul.

Rada lila hulang-hulengna. Rurat-rérét disabudeureun tempat. Sakapeung tanggah, sakedapan neuteup langit.

"Teu salah aing nempo?" gigisik, ngucek panon. Teup deui ka langit, matana nyaliksik langit béh wétan. Rada lila.

Taya tanda-tanda pajar rék hibar. Hayam kongkorongok gé sidik teu kadéngé, peuting simpé sakumaha mistina, ari lain sora cihcir, ciang-ciang, katut bueuk mah.

"Ari tadi timana asalna sakabéh sora, kitu deui datangna pajar?" pikirna mimiti lilir. "Naha bagian tina rékaperdaya Dayang Sumbi?" gerendengna.

"Nyaan, manéhna perlu ditalék! Aing kudu buru-buru panggih jeung jinisna!" nyarita sorangan. Laju kokotéténgan, tiap rohang didatangan, sakur rungkun disuayan, tiap léngkob didongkapan.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.