Sangkuriang Nyaleg (4)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
- Dina lalakon saméméhna Dayang Sumbi meredih ka Sangkuriang sangkan dipangnyieun parahu. Kalawan kudu réngsé dina waktu sapeuting, teu meunang kapiheulaan ku kongkorongok hayam. Hanjakal dina prakna mah Sangkuriang tinemu jeungka gagalan. Parahu tinggal ngageulisan, Guriang Tujuh paburisat, sieun nénjo datangna caang. Sangkuriang amuk-amukan, parahu ditajong, ngalayang ka jomantara. Kumaha salajengna? Mangga cuang bandungan terasannana.
AJLENG-AJLENGAN muru imah nu dicicingan ku Dayang Sumbi. Nepi kanu di tuju, suwung. Di goah panyepénan haseup menyan ngelun kénéh. Parukuyan ruhakna ruhay.
"Lumpat ka mana?" tumpa-tempo. "Naon nu nyababkeun ngejat ti imah? Ngadungakeun naon?" garo-garo teu ateul.
Rada lila hulang-hulengna. Rurat-rérét disabudeureun tempat. Sakapeung tanggah, sakedapan neuteup langit.
"Teu salah aing nempo?" gigisik, ngucek panon. Teup deui ka langit, matana nyaliksik langit béh wétan. Rada lila.
Taya tanda-tanda pajar rék hibar. Hayam kongkorongok gé sidik teu kadéngé, peuting simpé sakumaha mistina, ari lain sora cihcir, ciang-ciang, katut bueuk mah.
"Ari tadi timana asalna sakabéh sora, kitu deui datangna pajar?" pikirna mimiti lilir. "Naha bagian tina rékaperdaya Dayang Sumbi?" gerendengna.
"Nyaan, manéhna perlu ditalék! Aing kudu buru-buru panggih jeung jinisna!" nyarita sorangan. Laju kokotéténgan, tiap rohang didatangan, sakur rungkun disuayan, tiap léngkob didongkapan.
Indit ka kidul lapur, nyungsi ka kulon kosong, néang ka wétan nihil, nyuksuk ka kalér simpé.
Waktu terus lumaku, mangsa haben nyérélék. Béak poé ganti minggu, sirna minggu datang bulan, leungit bulan mecenghul taun. Nu ditéangan keukeuh teu panggih, pegat raratan.
"Dayang Sumbi, di mana atuh?" lumengis.
Gék diuk luhur batu nu ngajugrug disimpangan jalan. Neuteup sakur nu ngaliwat, susuganan panggih jeung nu jadi udagan.
***
Teu ngejat tina tempatna. Buukna nu panjang nengahan cangkéng sakapeung ririaban katebak angin. Sila tutug luhur batu, nanggeuy gado. Kumis, godeg katut jénggot teu kaurus.
Gerung, mobil ngaliwat, lajuna rada luak-léok ahirna tikusruk kana solokan kéncaeun jalan. Panumpangna gegeroan ngénta tulung, supir satékah polah ngerém.
Manéhna cengkat tina diukna, mobil ngansagiriwil diangkat ku leungeun kénca. Dipernahkeun di sisi jalan. Gék deui dina urutna.
"Haturnuhun, bantosanana, Om?" cék supir rengkuh.
"Sawangsulna, Lur." Tembalna.
"Dupi salira teh saha?" tanya panumpangna.
"Sangkuriang," jawabna.
"Sangkuriang, Juragan?" supir neuteup panumpang.
"Heueuh," panumpang kerung. "Ke dupi salira téh Sangkuriang nu mana?"
"Kula teu ngarti kana pananya andika, Lur?" teteupna.
"Sanés, maksad téh upami leres ieu Sangkuriang nu kantos ngadamel talaga. Tinangtos yuswana parantos rébuan taun?" jelas Juragan.
"Bener," unggeuk. "Mémang geus rébuan taun!"
"Juragan, bagja urang!" supir ngacungkeun kadua jempol.***
Hanca...
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!