Sangkuriang Nyaleg (47)

ED
Jumat, 23 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (47)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, "Najan guar-gaur ogé némbongkeun sihung da ari aing mah teu ngarasa keueung! Moal kapangaruhan ku sima silaing," omongna bangun kesel."Ngan kawana lamun keukeuh silaing hayang ngerekeb deui ka aing, ayeuna kapaksa arék ditindak. Lamun henteu kawasna silaing bakal tuluy narajang ka aing!"

NYAAN WAÉ can ogé sungut baseuh maung geus ngajaul deu narajang ti hareupeun.

"Wayahna siah!" Sangkuriang sakali ieu ngagiwar ka kénca dibarengan ku ngaheumbatkeun teugeulan kedétna kana punduk maung.

Pugguh atuh maung dina muragna kana lemah téh ngagaurna rada tarik, langsung ngudupruk nyuuh bangun ngarasakeun nyeri.

Tidinya ukur gagauran rada alon, dina kaayaan ngudupung teu cengkat kawas tadi, teungeulan sangkuriang karasana nyéksrek kana awak.

"Sok hudang deui siah!" tangtangna. "Kajaba lamun silaing hayang ngeureunan?"

Maung ukur ngagaur laun, kawas anu serah bongkokan ka Sangkuring anu geus bisa ngélehkeun dirina. Buktina sakadang maung teu cengkat deui, ngudupung luhur lemah bangun taya tangan pangawasa.

Buntutna ngawet, tungkul kana lemah ngagaur laun teu wani ngakat gado komo neteup beungeut Sangkuriang.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.