Sangkuriang Nyaleg (47)
Sangkuriang kiwari mah surti, lamu éta maung geus serang bongkokan. Tuluy manéhna dongko, sarta ngusap punduk tapak paneunggeulna.
Maung kakara bisa hojah deui, tapi kiwari mah geus teu wanieun deui narajang, ukur nyuuh hareupeun Sangkuriang saperti patalukan.
"Meugeus, balik silaing!" omongna.
Maung ukur ngagaur lalaunan, tuluy malik ngalénghiy ninggalkeun Sangkuriang anu masih kénéh ngajanteng dina tempatna.
Sanggeus maung nyingkah kakara Sangkuriang néangan tempat keur meuting, tuluy tatanggahan ka luhur.
"Lamun aing sare luhur tangkal asa teu mungkin, kumaha lamun murag? Eieweuh tempat deui lintang ti héés luhur jukut," omongna.
Léngkahna muru ka handapaeun tangkal anu rada hieum, handapna cukuo didadamparan ku daun anu gararing nu murug. Golédag ngagoler. Teu ngingetkeun urusan bahaya jeung teu bahaya anu penting mah bisa saré.
Reup, peureum, teu kungsi lila ogé kérék nyegrék ngaran-ngaran geus capé tea hamo teu tibra.***
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!