Sangkuriang Nyaleg (28)
"Kuring kacida ngahargaannana ka anjeun, Sangkuriang," Eulis nyimpen deui éta duit. "Kuring ngarasa simpati ku sikep anjeun anu tigin,"
"Sarua kula gé ngahargaan kana sikep anjeun," omongna maksakeun imut.
"Ngan kuring idinan sakali ieu mah pikeun ngajajapkeun anjeun ka tempat panganjrekan," omongna, sarta cengkat tina diukna.
"Ah, ulah! Teu nanaon teu dijajapkeun gé! Da teu pati jauh ieuh! Saméméhna ogé kapanan kula nepi kadieu téh badarat jeung si anjing," ngarérét ka si Ngedul.
Sangkuriang ahirna mah mulang, ka luar ti gedong sigrong bogana Eulis, léngkahna kebat muru deui ka imah kontakanana.
Gedigna, dijajapkeun ku paneuteup Eulis, dina haténa neundeun harepan susuganan Sangkuriang mulang deui.
"Tos, Endén ulah kamalinaan," cék anjing ngelingan.
"Moal atuh, Ngedul!" Eulis kakara malikeun awak sanggeus anu diteuteupna ngiles diteureuy ku léokna péngkolan. "Naha anjeun geuning nyebut kénéh Endén,".***
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!