Sangkuriang Nyaleg (28)

ED
Minggu, 4 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (28)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang kiwari kudu narima putusan naha dirina nu salila ieu geus karasa gawéna jeung bélana ku Euis baris tetep ddinya. Sahingga Eulis nyarita kieu; "Cék kuring gé éta mah putusan aya di anjeun," Eulis pura-pira teu ngarti, da dina haté leutikna mah manéhna ogé surti. Kumaha putusannana? Nyanggalkeun lalakon salajengna!

"KULA moal lanca-linci udar tina tali gadang, sakumaha caritaan anu mimiti! Poé ieu mah arék mulang deui ka kontrakan. Keun kahareupna ku kula arék dipikiran, ngan ngénta waktu wé!" haté mah teu méréan kudu nyarita kitu.

"Ngan sakumaha jangji katukang, ku sabab anjeun geus ngarawat kuring salila dina kaayaan teu séhat. Tug nepi ka kiwari geus belejag deui, ieu mah aya saeutik-eutikeun, gede mah henteu. Wayahna tarimakeun," Eulis ngusiwel ngaluarkeun amplop rada kandel. Geus tangtu jerona duit.

"Padahal mah, keun waé!" Sangkuring kéképéhan.

"Teu meuang kitu, da ieu mah jangji kuring, ulah dianggap buruh! Anggap wé hadiah ti kuring! Lamun diitung mah tangtu teu saimbang jeung kahadéan anu kungsi dibikeun ka kuring," teuteupna, sorot matana anu seukeut asa niruk kana jajantung.

"Tarima, Sangku!" anjing nyurungkeun bujur Sangkuriang ku huluna.

"Ari manéh?" Sangkuriang nyolontod méh nubruk lahunan anu keur diuk.

Najan haté mah éra tapi da butuh, bari dirina ras inget deui kana tujuan kadatangannana ka dinya. Apanan niatna gé arek nulungan, najan mémang waktuna teu sakeudeung. Ras kadinya, kapaksa kudu ditolak, da niat awal gé lain ar'ek buburuh tapi nulung.

"Kuring kacida ngahargaannana ka anjeun, Sangkuriang," Eulis nyimpen deui éta duit. "Kuring ngarasa simpati ku sikep anjeun anu tigin,"

"Sarua kula gé ngahargaan kana sikep anjeun," omongna maksakeun imut.

"Ngan kuring idinan sakali ieu mah pikeun ngajajapkeun anjeun ka tempat panganjrekan," omongna, sarta cengkat tina diukna.

"Ah, ulah! Teu nanaon teu dijajapkeun gé! Da teu pati jauh ieuh! Saméméhna ogé kapanan kula nepi kadieu téh badarat jeung si anjing," ngarérét ka si Ngedul.

Sangkuriang ahirna mah mulang, ka luar ti gedong sigrong bogana Eulis, léngkahna kebat muru deui ka imah kontakanana.

Gedigna, dijajapkeun ku paneuteup Eulis, dina haténa neundeun harepan susuganan Sangkuriang mulang deui.

"Tos, Endén ulah kamalinaan," cék anjing ngelingan.

"Moal atuh, Ngedul!" Eulis kakara malikeun awak sanggeus anu diteuteupna ngiles diteureuy ku léokna péngkolan. "Naha anjeun geuning nyebut kénéh Endén,".***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.