Sangkuriang Nyaleg (25)

ED
Kamis, 1 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (25)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, nalika Sangkuriang ngabogaan karep hayang ngubaran dina tatuna, mangka éta awéwé nyarita kieu;

"TEU, nanaon, tapi ké heula bender anjeun bisa ngubaran? Kuring cangcayaa? Sabab anjeun mah tabib lain, dokter gé sumawona. Kuring mah sabenerna lain hayang diubaran ku anjeun da tugas anjeun mah lain ngubaran tapi saperti anu disebutkeun ku kuring. Éta gé lamun anjeun siap?" neuteup nu deku hareupeun. "Kuring keur waktu ayeuna mah, ngénta mangnyokotkeun hapé nu pernahna di lantai luhur. Lamun teu kitu deukeutkeun korsi kuring ka tempat nu aya telepon tuh di méja nu rada kalér sarta luhur teu kadongkang ku si Ngedul!"

Naha naon anu bisa dilakukeun ku Sangkuriang ka éta awéwé nu cék anggapanna siga Dayang Sumbi, kabogohna? Nyanggakeun lalakon salajengna!

"Maksudna?"

"Kuring arék nelepon doktor!"

"Teu nanaon ari anjeun teu percaya mah ka kula. Tadina lamun anjeun ngidinan mah hayang nyobaan ngubaran," cék Sangkuriang.

"Katarima kahadéan anjeun ku kuring hayang narékahan ku ngurut suku kuring. Ngan kuring leuwih bungah lamun anjeun nehonan paménta tadi!"

"Heug atuh ari kitu mah!" Sangkuriang éléh déét. Teu talangké nganregeyeng wéh korsi anu didiukan ku éta mojang diangkat, dipindahkeun ka sisi méja nu rada jangkung. Didinya aya telepon.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.