Sangkuriang Nyaleg (25)
"Nuhun, Sangkuriang," omongna. Gap kana gagang telepon anu diasonglkeun ku Sangkuriang.
Telepon aya nu ngangkat, saterusna éta mojang ngobrol dina telepon ngénta tulung intina mah. Kiteuna téh meunang sawatara jongjongan, geus réngsé gagang telepon disimpen deui dina urutna ku Sangkuriang.
"Sangkuriang, " omongna. "Kuring ngénta tulung deui ka anjeun wayahna pangnungguankeun diburuan hareup di barengan ku si Ngedul. Sakeudeung deui doktor arék datang," ngajelaskeun.
Samgkuriang teu talangké, duanana patutur-tutur jeung si Ngedul muru ka buruan hareup. Duanana kurang leuwih meuang sapanyeupahan, teu lila gé norojol sédan bodas.
Gerbang muka sorangan sanggeusna digogogan ku si Ngedul. Dokter kaluar tuluy muru ka imah dibarengan ku Sangkuring jeung di Ngedul.
Dokter ngayakeun pamariksaan, di kamar nu aya di rohangan handap. Mariksa suku éta awéwé kalawan tarapti. Salain aya tatu anu anu lumayan gudawang ogé aya geuneuk akibat tidagor.
Tatuna ku doktor dikaput, sangkan getihna teu merebey waé pon kitu deui nu gareuneukna akibat tidadalagor ogé diubaran.
"Omat, Pa! Ieu sampéan tuang garwa ulah seueur teuing ka gerak-gerak! Wayahna upami sakalieun ka jamban ogé kedah dipangku," cék dokter. "Ieu obatna, kanggo dileueut, ogé ieu kanggo tatu tilas ti dagor, " omongna nerangkeun.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!