Sangkuriang Nyaleg (20)

ED
Sabtu, 27 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (20)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang dipéntaan tulung ku sakadang anjing. Sangkuriang nuturkeun léngkah si anjing disatukangeunnana kaluar ti pilemburan, muru ka tempat anu hara-haraeun, bras ka pileuweungan mapay-mapay jalan. Sangkurang ngarasa héran naha arék dibawa ka mana ku sakadang anjing? Nyanggakeun lalakon salajengna!

"ENGKÉ gé manéh bakal apal! Tuturkeun wé ayeuna mah urang nepi ka tempat anu di tuju!" omongna.

"Heug ari kitu mah!" Sangkuriang unggeuk.

Jalan beuki nanjak, titincakan teu pati katempo da ukur kacaangan ku baranangna béntang anu nyusup kana sela-sela dangdaunan.

Jalan beuki-dieu beuki nanjak, lucir ku aspal, ngan salila ngambah éta jalan can katitén aya kandaran anu ngaliwat hiji gé. Luak-léok kadiya oray, rungkal-ringkel saperti belut, kéncaeunnana di papaés ku jungkarang anu lungkawing, bélah katuhuna gawir anu nangtawing.

"Aya manusa cicing di tempat hara-haraeun kieu?" gerendengna.

"Tuh! Sangku! Hamo lila deui gé urang nepi! Tuh villana!"

"Villa?"

"Moal apal villa manusa bihari mah!" cék anjing ngarérét.

"Ngomong téh! Memang kula lain manusia kiwari kitu? Manéh siga nu apal waé ka kula?"

"Ngaranna gé Sangkuriang geus tangtu manusa bihari atuh?!"

"Curiga?" satengah nanya ka diri sorangan.

"Naon anu dicuriga ku manéh, Sangku?"

"Ngadéngé gening?"

"Tangtu atuh, Sangku! Geus hirup mah ulah loba curiga! Tuturkeun wé jalan kahirupan!"

"Teu bisa kitu, Jing!" potongna teugeug. "Kitu waé mah kula gé jadi korban," reg hareupeun pager anu jangkungna satangtung.

Imah téh sigrong, nepika tilu tingkatna, pakarangan lega, bénténgna satangtung. Bisa awas ka jero sotéh tina gerbang ukuran tilu deupa anu dijieun tina waja disusun carang.

"Gog, Gog!" anjing ngagogogan gerbang.

"Manéh téh ngagogogan saha? Ongkoh euweuh nu lian kajaba dunungan nu keur butuh pitulung? Di mana butuh pitulung gé tangtu moal bisa mukakeun panto?"

"Urang mah lain ngagogogan, ngageroaan dunungan sangkan mukakeun panto! Tapi ngénta ka panto sangkan muka sorangan, aing geus datang," cék anjing negeskeun.

"Geuning éta angger nutup?" témpas Sangkuriang.

"Acan, tungguan sakeudeung!" témbal. Anjing nagog, matana mencrong kana gerbang waja golondongan. Létah ngelél.

Sangkuriang gé teu nyarita, ukur neuteup kana panto gerbang cék béja bisa muka sorangan. Haténa panasaran, naha bender omongan éta anjing téh bisa dipercaya.***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.