Sangkuriang Nyaleg (14)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, meunang sawatara jongjongan Sangkuriang ngahuleng, ngahurunbalung ku tulang. Teu lila nyéh seuri sorangan bari ngagerendeng.
"BENER, euweuh deui jalan? Matak naon lamun ati si Tumang, bangkéna ruang. Moal kanyahoan sugan, anggap wé anjing can mulang." Sret, nyabut badi nu disesepkeun lebah cangkéngna.
Deku gigireun bangké anjing, laju ngajalankeun naon rupa anu digerendengkeunnana. Sanggeus réngsé sagalana, jung cengkat, tuluy leumpang ninggalkeun kuburan anjing. Naon nu baris kajadian satutasna? Nyanggakeun lalakon salajengna!
Ati si Tumang dibungkus ku daun waru disimpen di jero éndong. Leumpangna semu gancang sieun kapiheulaan ku datangna wanci magrib.
Nepi kanu di tuju indungna, Dayang Sumbi kakara réngsé nyangu sarta naheur cai. Manéhna diuk luhur golodog matanna anu cureuleuk neuteup anakna nu anyar datang.
"Sangku?" cengkat semu kerung. Rut-rét ka kénca katuhueun Sangkuriang.
'Naha geuning léngoh? Kamana ari si Tumang?" tanyana.
Sangkuriang ditanya rupa kitu téh can waka ngajawab, uteukna muter bingung ku pijawabeun. Kumaha cara ngajelaskeunana? Asa serba salah.
"Naha kalah ngahuleng? Teu beubeunang? Nya keun waé ari kitu mah. Satadina ema téh hayang dahar jeung ati mencek. Da sangu mah geus asak ngan dengeunna can aya."
"Ati mah aya, Ma!" Sangkuriang rada ngadegdeg ngusiwel ngaluarkeun bungkusan daun waru tina éndongna.
Dayang Sumbi rada kerung nénjo anakna meta kitu téh kawas aya perkara anu keur disidem.
"Ieu, Ma! Ari!" ngasongkeun bungkusan.
"Naha moro téh dicokot atina wungkul?"
"Sanés éma palay nuang atina?"
"Enya, tapi ari moro mencek dicokot atina wungkul mah asa lebar. Dagingna di kamanakeun?"
"Di, di, dikubur." Ngeluk.
"Dikubur?"
"Muhun, Ma," beuki ngeluk.
"Lebar, maké dikubur. Padahal lamun hidep bosen daging mencek mah teu kudu dikur sagala da si Tumang gé resepeun, lin?"
"Mu, muhun,"
"Ari si Tumang ka mana? Naha tara ti sasari teu bareng jeung hidep?" tanyana.
"Teu,"
"Ka mana?"
Sangkuriang ngabetem. Asa beurat ku létah pikeun ngedalkeun nu sabenerna. Teu beurat kumaha, indungna sakitu nyaaheunnana ka si Tumang. Euweuh bédana kanyaahna jeung ka dirina.
Teuing pédah di éta patempatan téh taya deui nu lian kajaba dirina jeung indungna ka tilu si Tumang. Ogé éta sato téh sakitu satiana boh kadirina pon kitu deui ka indungna.
"Du, du,"
"Ari ieu ari naon?" indungna muka bungkusan. "Kawas lain ati mencek?"
"A, ati, si Tumang, Ma,"
"Ati si Tumang!" ngadéngé kitu beungeut Dayang Sumbi reup geuneuk tay pias, huntu kekerot, ambekannana ngahégak, ngoyagkeun gunung sakembarannana anu masih kénéh nyeungseung. "Kurang ajar siah! Wani-wani méta kitu ka si Tumang!".***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!