Sangkuriang Nyaleg (12)

ED
Jumat, 19 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (12)

"Énggal kantunkeun iyeu témpat!" kitu omong si Tumang ka bagong, lamun kaharti mah. "Énggal! Teu kedah ngémutan nasib jisim kuring,"

"Hampura atuh kami, satadina ngalanto kadieu teh hayang nempo incu," omong bagong nyarinakdak.

"Sanés waktos, salira yaktos tiasa nepangan. Mung ayeuna mah wayahna, tebihan ieu tempat ," si Tumang kekerejetan sakarat.

"Hampura atuh kami geus ngadorésakeun," bagong ngejat ngajauhan.

"Teu sawios," cék si Tumang.

"Tumang!" Sangkuriang deku. Awak si Tumang dipangku kana lahunan.

"Huk..auk, gog, gog," ukur kitu sora si Tumang, saterusna mah paéh dina lahunan nu jadi dunungan awakna katiruk panah.

Meunang sawatara jongjongan mah Sangkuriang ukur ngahuleng, kadua matana neuteup bangké anjing anu boborot ku getih, ngagolér dina lahunan.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.