Sangkuriang Nyaleg (11)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon saméméhna, gék luhur batu nu biasa didiukan ku dirina, matana angger niténan nu lalar liwat. Susuganan nu ditéangan ka panggih. Laju manéhna rumahuh bari mencétan tarang.
"DUH, kamana atuh? Nanya kudu ka saha?" rét ka anjing nu kabenderan ngaliwat. "Asa wawuh? Tapi lain da si Tumang mah geus paéh," gerendengna.
Pikirannana mimiti nyoréang alam katukang, mangsa-mangsa hirup ngumpul jeung anu jadi indungna ka tilu si Tumang. Kumaha kahirupan Sangkuriang nalika masih ngumpul jeung si Tumang katut Indungna? Nyanggakeun lalakon salajengna.
"Aing baheula hirup jeung ema katilu si Tumang? Bapa aing saha? Jeung dimana? Asa teu percaya?" omongna.
Anjing anu dipencrong ngagogog, beretek lumpat, lamunan mimiti buyar.
"Naon maksudna éta anjing ngagogog tuluy lumpat? Kawas kalakuan si Tumang baheula ngagogogna téh ngabéjaan lamun sato boroeun geus deukeut. Ah, da sia mah lain si Tumang barina gé piraku ku aing kudu di tuturkeun anjing!"
Leng deui ngahuleng, manéhna nuturkeun si Tumang nu lumpat. Inget kana omongan nu jadi indungna harita hayang ati mencek.
Malah indungna nyarita ulah waka mulang ti pamoroan lamun can meunang ati mencek. Nongtoréng kénéh dina ceuli, asa napel dina kekendangan éta omongan téh.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!