Sangkuriang Nyaleg (11)

ED
Kamis, 18 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (11)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon saméméhna, gék luhur batu nu biasa didiukan ku dirina, matana angger niténan nu lalar liwat. Susuganan nu ditéangan ka panggih. Laju manéhna rumahuh bari mencétan tarang.

"DUH, kamana atuh? Nanya kudu ka saha?" rét ka anjing nu kabenderan ngaliwat. "Asa wawuh? Tapi lain da si Tumang mah geus paéh," gerendengna.

Pikirannana mimiti nyoréang alam katukang, mangsa-mangsa hirup ngumpul jeung anu jadi indungna ka tilu si Tumang. Kumaha kahirupan Sangkuriang nalika masih ngumpul jeung si Tumang katut Indungna? Nyanggakeun lalakon salajengna.

"Aing baheula hirup jeung ema katilu si Tumang? Bapa aing saha? Jeung dimana? Asa teu percaya?" omongna.

Anjing anu dipencrong ngagogog, beretek lumpat, lamunan mimiti buyar.

"Naon maksudna éta anjing ngagogog tuluy lumpat? Kawas kalakuan si Tumang baheula ngagogogna téh ngabéjaan lamun sato boroeun geus deukeut. Ah, da sia mah lain si Tumang barina gé piraku ku aing kudu di tuturkeun anjing!"

Leng deui ngahuleng, manéhna nuturkeun si Tumang nu lumpat. Inget kana omongan nu jadi indungna harita hayang ati mencek.

Malah indungna nyarita ulah waka mulang ti pamoroan lamun can meunang ati mencek. Nongtoréng kénéh dina ceuli, asa napel dina kekendangan éta omongan téh.

Dumadakan deuih dina poé harita mah sato boroan téh teu narémbongan kawas nu ngagokan kana kahayang nu jadi indung.

Aya gé mencek ngadadak kawas anu lingas, sababaraha kali arék di panah ngabalaicet. Waktu rék dipanah pisan si Tumang bét nincak rokrak atuh mencek teh kabur.

Ti harita ngiles leungiteun udagan, istuning leuweung ngadadak simpé. Nu kari kula duaan jeung si Tumang apruk-aprukan. Dina haté leutik mah maké nyidem kakeuheul ogé ka si Tumang nu geus ngagamahan kana témbakeun.

Mangka harita teh waktu geus mimiti nyedek ka burit, sato boroan anu diarep-arep rék diala atina can kénéh némbongan. Sakujur awak geus mandi ku késang, cacing dina jero beuteung geus mimiti motah hayang diparaban.

Tikoro gé geus garing karasana, cai dina kélé tinggal sakeclak. Jaba nunjadi indung amanat ulah waka mulang mun can manggih jeung nu dipikahayang ku ema, kapan kitu omongannana.

Dina kaayaan capé jeung kareuheul ku dua ku tilu teu eureun tina moro. Leumpang ngaprak leuweung néangan boroan, sugan jeung sugan manggihan deui mencek nu ngulampreng.

Hanjakal, salila-lila kukurusukan teu mangging boroan, bujengning wujudna kelemengna gé teu kadeuleu.

"Kamarana sato téh?" ngelapan késang dina tarang ku tungtung baju.

Pangdéngé mah tetep dipasang, bisi aya sato boroan ngaliwat teu katitén, geus puguh ning panénjo mah rut-rét ka papat madhab.***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.