Sangkuriang Nyaleg (10)
"Geus teu kudu ditanya! Sakumna mahluk nu kumelendang di dunya ti beurang tangtu moal leupas tina caangna panénjo kula,"
"Béjaan atuh kula, di mana Dayang Sumbi ayeuna?"
"Cék kula gé tadi, lamun ti beurang mah!"
"Jadi angger nu salah téh peutingnya! Nyaan dipiteskeun siah jangjangna sangkan teu bisa mébér!"
"Montong, kitu gawé! Geus dihukum lain tobat! Kalahka meupeus keuyang!" les, surup.
"Ah, siah! Saruana!" gerona. "Mémang andika teu rumasa?" tatanggahan.
Jangjang peuting geus mébér nutupan kolébatna layung, sang surya geus tilem ka tebéh kulon. Kiwari lintang ti poékna peuting nu dibarengan ku pating karetipna béntang.
"Paingan si éta teu ngabantah kana omongan kula da geus mantog! Munapik," gerendengna.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!