Sangkuriang Nyaleg (10)
Juragan muterkeun panénjona ka tukang, dumadakan ngaleketey, méh-méhan ngompolan sorangan.
***
Sangkuriang nu karék cengkat tina diukna, sakapeung tanggah ka langit belah ti kulon, layung geus némbongan.
"Jangjang peuting sia geus deuk ngalingkup deui! Sadar lamun sia kungsi hianat ka aing! Mun kongang ku aing diudag ka langit, dipiteskeun siah jangjangna sangkan teu mébér salilana!"
"Sungut téh ulah jangji éngab siah!" marengan cahaya nu ngabarasat tilangit, sorana nongtoréng lebah kekendangan.
"Surya! Sugan kula andika téh teu ngadéngé!"
"Andika mah sok salah, Sangkuriang. Mémang kami teu apal naon anu dilakukeun ku andika di dunya?"
"Lamun kitu mah andika apal ka mana léosna Dayang Sumbi?"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!