Sangkuriang Nyaleg (101)

ED
Sabtu, 19 November 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (101)

Sukur ari kitu mah! malik kanu lalajo. Sadérék atraksi anu salajengna, ieu ki dulur digéléng ku motor. Mangga wilujeng nyakséni!

Sok! Mang kuring hayang nempo! Bener, sok! Lamun alus ku urang disawér, Bro!

Siap, Lur! si Riweuh geuntak ngahirupan motorna.

Rama Bargawa nangkarak bengkang, laju si Riweuh ngajalankeun motorna. Awak Rama Bargawa digéng lebah dadana, kalawan teu kérél-kérél. Nu lalajo surak, sarta pating keleweng duit sawéran.

Nyaan alus, Mang! nu lalajo surak. Teu cukup ku kitu, maranéhna tersus-terusan ngayakeun aksi-aksi luju jeung paménta anu lalajo.

Najan dikutu-kieu ogé mungguhing Rama Bargawa, taya kérél-kérélna jongjon wé nuluykeun kayang nu lalajo.

Tos, palawargi anjing deui...éh énjing, omong si Riweuh. Margi kuring jeung ku dulur peryogi reres heula.

Tapi omat, Mang. Isukan wayahna ayakeun deui! gero nu lalajo. Bener, Mang. Isukan mah aksina kudu anu leuwih pikakeueungeun! omong nu lianna.

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.