Sangkuriang Nyaleg (100)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Coba saeutik wé koétkeun kana leungeun ki dulur! Lamun getihan tah, éta getih sorangan! Geus teu ku ngudag si Riweuh lamun getihan!
OH, KITU! Sok atuh keureutkeun éta kater kana awak kula, téangan kulit anu hipu, tulang anu rangu! nangtang.
Bener? si Riweuh ngaregog ngadéngé panangtang kitu téh.
Sok nyaan! Siga anu sieun manéh, jeung kawas kurang yakin?!
Panasaran! manéhna rada asa-asa. Kana dampal leungeun urang koétkeun saeutik. Coba namprak! Sok, tah!
Siap! sret. Kater dikeureutkeun kana dampal leung Rama Bargawa. Si Riweuh olohok bengong mata simeuteun, nyaan teu neurak.
Ceuk kula gé?! Teu percaya manéh! Ku pakarang anu bener atuh sakalian! omongna bari seuri.
Nyaan?! si Riweuh rada muringis neuleu kitu mah. Hanas satadina ngoa. Cilaka,kaya kieu mah!?
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!