Sangkuriang Nyaleg (99)
Ulah atuh ku kate mah, Pot. Bisa neurak? Da maksud kula mah hayang nyaho getih sorangan téh arék mecak élmu.
Sarua ieu ogé mecak élmu! Tibatan éngka panggih jeung si Riweuh kéok sakali nyabok, mening coba heula ambeh teu ka wiwirangan! Ieu kater arek dukumahakeun, Pot?
Coba saeutik wé koétkeun kana leungeun ki dulur! Lamun getihan tah, éta getih sorangan! Geus teu ku ngudag si Riweuh lamun getihan!
Oh, kitu! Sok atuh keureutkeun éta kater kana awak kula, téangan kulit anu hipu, tulang anu rangu! nangtang.
Bener? si Riweuh ngaregog ngadéngé panangtang kitu téh.
Sok nyaan! Siga anu sieun manéh, jeung kawas kurang yakin?! Panasaran! manéhna rada asa-asa. Kana dampal leungeun urang koétkeun saeutik. Coba namprak!
Sok, tah!
Siap! sret. Kater dikeureutkeun kana dampal leung Rama Bargawa.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!