Sangkuriang Nyaleg (83)
ED
Editor
M Purnama Alam
Sabtu, 29 Oktober 2022 | 06:25 WIB
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Teu kungsi lila norojol si Riweuh ngadeukeutan tukang parkir dibarengan ku hegakna napas, satutas markirkeun motorna.
"KUNAON, Sun? Sapertos anu diudag bagong?"
"Lain diudag bagong," omongna. Gedig leumpang muru ka jero gang maksudna arek ka imah kontrakan Sangkuriang.
"Badé ka mana, Sun?" tanya tukang partkir.
"Tunyu-tanya, képo?" teu ngarérét, jongjon ngagedig.
Tukang parkir ukur neuteup ti kaanggan. Nu leumpang beuki gancang ahirna parat ka tungtunggang.
Teu kungsi lila geus balik deui ngagedig nyampeurkeun tukang parkir.
"Naha, Sun, wangsul deui?"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!