Sangkuriang Nyaleg (73)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Naon anu kajadian dijero imaha?" supir ngahuleng bari ngadédéngékeun di buruan.
"Ulah! Batur ogé euweuh anu mukakeun panto! Matak engké deui mah toong heula ka luar méméh mukakeun panto téh," ceuk sora lalaki.
"Enya, nya! Meni reuwas, sugan téh moal aya anu norojol?!" omong sora awéwé.
"Duh, naon nya?" supir garo-garo tei ateul. "Punten!"
"Tuh, pupuntenan deui! Hayu urang nyumput! Urang api-api teu nyaho wéh," omong lalaki.
"Ari geus kumaha? Manéhna pasti nungguan di buruan da disangkana urang araya di imah. Tadi geus katempoeun waktu muka panto?"
"Kumaha lamun urang seblok wé ku cai ngagolak sangkan nyingkah?"
"Kabeneran tadi naheur cai kakara sahéng!"
"Gancang atuh bawa, seblokeun ka nu di luar!"
"Gusti, cilaka deuleu! Kudu lumpat aing," gerendeng supir gura-giru nyingkah. "Euweuh jelema di buruan mah!"
"Tuh, pan kabur ari arék di séblok mah!"
Satuluyna kadéngé sora nu seuseurian ti jero imah, sedeng supir lumpat ti babaranting.
"Géhél pangeusi imah téh! Untung aing lumpat lamun cicing kénéh di buruan meureun cilaka?" rénghap-ranjug.
Supir ngahégak, ti kajauhan dunganana merong bangun panarasan.
"Duh, Juragan? Jaba nungguan," ukur méré isarah. "Aing panasaran anu anu ngajadian di kontrakan anu aya di dieu. Naha jalama pada ngararingkeb manéh? Loba imah téh tapi siga taya pangeusian? Singhoréng nyarumput," gerendengna.
Kalawan rancingeus sugan aya deui anu mukakeun panto imah, kiwari mah dirina diliputan ku rasa hayang nyaho.
Rét ka kalér kabeneram aya anu nyurungkeun, lol sirahna katénjo awéwé.
"Kabeneran? Jaba geulis!" satengah lumpat muru panto muka.
"Ih, tulung!" panto buru-buru ditutupkeun.
"Géhél!" supir ngagurubug reuwas, ku gebrugna sora panto.
"Aya naon, Néng?" tanya lalaki di jero.
"Lalaki," jawabna. "Kurang ajar! Sugan mah kudu dibabuk siah!" kadéngé gebligna ngadeukeutan lawang panto.
"Aduh, cilaka deui waé! Aing kudu buru-buru nyingkah!" omong supir ngajauhan.
Nyaan wé bareng jeung ngajauhan manéhna, lawang panto muka dibarengan ku ngahiukna konci inggris ngahakan tempat kosong. Geys kitu ngelok deui, panto langsung nutup.
"Cilaka! Kaya kieu mah, untung aing lumpat," gagancangan muru dununganana nu masih ngajanteng.
"Kumaha meunang béja?" neuteup supir. "Kunaon kawas anu sieun?"
"Cilaka, Juragan!"
"Naon anu cilaka? Tibabaranting kitu rénghap-ranjug kawas diudag jurig?"
"Ampir dibabuk ku kinci inggris, Gan. Aya ogé anu arék ngabanjur ku cai ngagolak," omongna.
"Ah, manéh mah aya-aya waé? Pira nanyakeun di mana imah kontrakan Sangkuriang kuatka héboh kieu. Teu bisa?"
"Duh, Juragan. Naha teu percanten?"
"Teu!"
"Itu, Gan! Aya deui panto anu muka!"
"Sampeurkeun!"
"Taluk, Gan."
"Piraku kieu keieu waé kuring anu kudu turun? Ari manéh naon gawé atuh?"
"Teu wantun, Gan," ngajengjen.
"Ténjo kuring! Kudu dicontoan waé!" Juragan muru ka salah sahiji imah kontrakan anu pantona kakara dibuka ti jero.
Nu kaluar téh hiji wanoja lenjang, rentang-rentang nempo nu datang geuntak panto ditutupkeun. Reg atuh Juragan palebah lawang oanto. Nu boga imah kadéngé sorana.
"Ulah muka panto ceuk urang ogé!" sada lalaki.
"Sugan téh moal?"
"Néng, ieu artos saha murag saratus rébu?" omong juragan diluar ngagiwing duit salambar.
"Gancang cokot, aku nu urang!" sora lalaki.
Si Wanoja buru-buru muka panto, nyampeurkeun juragan, matana mencrong ka lebah duit anu di dgigiwing.
"Nu kuring, Om," omongna.
"Ieu, atuh!" diasongkeun.
Geus nampanan, geuntak malik deuk asup deui. Juragan ngageroan deui.
"Ieu salambar deui!" gerona.
"Mana, Om?" Kakara malédog ku imutna anu kareueut, leungeun namprak.
"Tapi,"
"Pasti, Om!" omongna, malik kalawang panton bari nyorowok. "Lalaki kéré balik siah kaluar!"
"Ké, ké,?" Jurahan kerung.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!