Jadwal SIM Keliling Kabupaten Sumedang Hari Ini, Selasa 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Peringati Hari Pramuka ke-65, KDS Perkuat Semangat Pengabdian Generasi Muda 25 Aug 2026 122 Ribu Liter Air Bersih Disalurkan ke Warga Terdampak Kekeringan di Sukabumi 25 Aug 2026 12.517 Jiwa di Kota Sukabumi Terdampak Kesulitan Air Bersih 25 Aug 2026 5G-A Dukung Robot Humanoid Bertanding di Beijing 25 Aug 2026 BPBD Kota Sukabumi Catat Empat Kejadian Kebakaran Lahan Selama Agustus 25 Aug 2026 ECOVACS Bawa Robot Rumah Pintar ke Singapore Pop Toy Show 2026 25 Aug 2026 Konser Masih Jadi Primadona, Warga Hong Kong Makin Gemar Beli Tiket Mendadak 25 Aug 2026 VISI | Maulid Nabi: Peringatan atau Keteladanan? 25 Aug 2026 Bandung Great Sale 2026 Diserbu Pengunjung, Transaksi Terus Dihitung 25 Aug 2026 Jadwal SIM Keliling Kabupaten Sumedang Hari Ini, Selasa 25 Agustus 2026 25 Aug 2026 Peringati Hari Pramuka ke-65, KDS Perkuat Semangat Pengabdian Generasi Muda 25 Aug 2026 122 Ribu Liter Air Bersih Disalurkan ke Warga Terdampak Kekeringan di Sukabumi 25 Aug 2026 12.517 Jiwa di Kota Sukabumi Terdampak Kesulitan Air Bersih 25 Aug 2026 5G-A Dukung Robot Humanoid Bertanding di Beijing 25 Aug 2026 BPBD Kota Sukabumi Catat Empat Kejadian Kebakaran Lahan Selama Agustus 25 Aug 2026 ECOVACS Bawa Robot Rumah Pintar ke Singapore Pop Toy Show 2026 25 Aug 2026 Konser Masih Jadi Primadona, Warga Hong Kong Makin Gemar Beli Tiket Mendadak 25 Aug 2026 VISI | Maulid Nabi: Peringatan atau Keteladanan? 25 Aug 2026 Bandung Great Sale 2026 Diserbu Pengunjung, Transaksi Terus Dihitung 25 Aug 2026

Sangkuriang Nyaleg (69)

ED
Sabtu, 15 Oktober 2022 | 10:51 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (69)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, "Ah, geus, Pir! Hayu asup!" juragan nyurungkeun tonggong supir sangkan leumpang ti heula.

"ANTOS, Nun," tukang parkir namprak.

"Naon namprak?" supir ngarérét. "Balikna,"

"Danés artos parkir, Nun!"

"Naon atuh?"

"Tadi upami simkuring ngalawaler leres dipasihan saratus,"

"Éra mah dina TV cerdas cermat, piraku teu apal."

"Sanés,"

"Ah, manéh mah, Pir! Nyieun gara-gara waé, blunder tatéh!" juragan ngodok saku ngaluarkeun dompét. Ngaluarkeun duit salambar, song ka tukang parkir.

"Nuhun, Juragan." Acong-acongan.

"Apalkeun beungeut kuring, Mang. Ulah poho éngké pilih kuring omat! Tah, ieu gambar partéyna! Omat dulur tatangga béjaannya."

"Mangga, Juragan. Nuhun," omong tukang parkir.

Langsung leumpang miheulaan supir muru gang nu brasna ka imah kontrakan Sangkuriang.

"Juragan, naha nganggo dipasihan artos sagala?"

"Geus, teu kudu nanya! Can ngarti kénéh sakitu geus lila babarengan jeung kuring?" jawab juragan.

"Naonnya?" nepak tarang.

"Mikirna ulah lila teuing! Urang kudu buru-buru manggihan Sangkuriang!" omongna.

"Siap, juragan! Tapi, ke naon tadi téh nya, Gan?"

"Acan anggeus kénéh mikirna, Pir. Ceuk kuring gé ulah dipikiran! Burukeun anggur leumpang!"

"Siap, Gan!"

"Siap, siap, ti tadi, maju atuh leumpang! Lain hulang-huleng!" manéhna miheulaan.

Juragan leumpang kalawan rusuh muru ka jero gang disatukangeunana supir nuturkeun barihulang-huleng.

"Naonnya?"

"Mana imahna?" sanggeus nepi di tungtung gang. "Pir, si éta acan nepi sugan téh tukangeun! Buru atuh leumpang téh!" ngagero.

"Mangga, Gan!" manéhna lumpat, nyampeurkeun.

"Tanyakan! Mana imah kontrakan Sangkuriang, sarua kabéh bangunana, bari loba deuih!?"

"Siap, Gan!"

"Kumaha?"

"Bingung, Gan?"

"Bingung kumaha, Pir?"

"Ieu bangunan téh sadayana sami, Gan?"

"Heueuh, sarua kabéh ceuk kuring ogé tadi. Matah tanyakeun ka tatanggana, imah kontrakan Sangkuriang anu mana? Ngarti teu?"

"Kantenan ngartos mah,"

"Ari kitu naon deui atuh? Lain jug tanyakeun, ngadon hulang-huleng?!"

"Nu mawi bingung,"

"Geus pok deui nyebut bingung! Tanyakeun ceuk kuring tadi ka tatanggana!" juragan semu keuheul.

"Siap, Gan!"

"Masih siap, siap pan kénéh? Lain jeung prakna?"

"Badé ieu gé mung, bingung!" "Geus pok deui!?"

"Muhun, itu, maksad téh bangunannana sami sadayana?"

"Apal kami ogé, pan tadi geus diomongkeun? Diulang-ulang waé siga film!"

"Sanés kitu, ieu di payuneun bumina teu aya jalmi saurang-urang acan! Sapertos kosong bumi kontrakan téh?"

"Nanya deui? Téangan atuh carana!"

"Mangga," ***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.