Sangkuriang Nyaleg (68)
ED
Editor
M Purnama Alam
Jumat, 14 Oktober 2022 | 06:53 WIB
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Naon, Mang? Kalahka nyarita sorangan diajak ngomong ku kuring téh?" omong supir.
"HENTEU, Nun. Ieu mah nyarios téh dina manah wé,"
"Tuh, ngajauhan deui!"
"Nebihan kumaha, Nun."
"Jig-jig ka Sukahaji sagala, aéh Sukamanah?"
"Pir, meugeus atuh! Nanya anu bener,"
"Mangga, Juragan," ngarindat ka tukang parkir. "Ditanya téh ulah ngajawab ka mana mendi atuh, Mang. Lamun bener jawabanna nilaina saratus,"
"Siap, Nun. Naon atuh anu ditaroskerun téh?"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!