Sangkuriang Nyaleg (68)

ED
Jumat, 14 Oktober 2022 | 06:53 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (68)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, "Naon, Mang? Kalahka nyarita sorangan diajak ngomong ku kuring téh?" omong supir.

"HENTEU, Nun. Ieu mah nyarios téh dina manah wé,"

"Tuh, ngajauhan deui!"

"Nebihan kumaha, Nun."

"Jig-jig ka Sukahaji sagala, aéh Sukamanah?"

"Pir, meugeus atuh! Nanya anu bener,"

"Mangga, Juragan," ngarindat ka tukang parkir. "Ditanya téh ulah ngajawab ka mana mendi atuh, Mang. Lamun bener jawabanna nilaina saratus,"

"Siap, Nun. Naon atuh anu ditaroskerun téh?"

"Ngadon malik nanya ari si Mamang?"

"Hilap deui, Nun. Tadi aya ucing gering, kambing hitam,"

"Sangkuriang kontrakanna nu anu mana!" potong supir.

"Oh, éta. Gampang atuh, tuh dilebet gang, mentok, éta kontrakanana,"

"Kontrakan nana?"

"Muhun, Nun,"

"Kuring nanya téh kontrakan Sakuriang,"

"Muhun, Nun,"

"Ah, geus, Pir! Hayu asup!" juragan nyurungkeun tonggong supir sangkan leumpang ti heula.

"Antos, Nun," tukang parkir namprak.

"Naon namprak?" supir ngarérét. "Balikna,"

"Danés artos parkir, Nun!"

"Naon atuh?"

"Tadi upami simkuring ngalawaler leres dipasihan saratus,"

"Éra mah dina TV cerdas cermat, piraku teu apal."

"Sanés,"

"Ah, manéh mah, Pir! Nyieun gara-gara waé, blunder tatéh!" juragan ngodok saku ngaluarkeun dompét. Ngaluarkeun duit salambar, song ka tukang parkir.

"Nuhun, Juragan." Acong-acongan.

"Apalkeun beungeut kuring, Mang. Ulah poho éngké pilih kuring omat! Tah, ieu gambar partéyna! Omat dulur tatangga béjaannya."

"Mangga, Juragan. Nuhun," omong tukang parkir.

Langsung leumpang miheulaan supir muru gang nu brasna ka imah kontrakan Sangkuriang.

"Juragan, naha nganggo dipasihan artos sagala?"

"Geus, teu kudu nanya! Can ngarti kénéh sakitu geus lila babarengan jeung kuring?" jawab juragan.

"Naonnya?" nepak tarang.

"Mikirna ulah lila teuing! Urang kudu buru-buru manggihan Sangkuriang!" omongna.

"Siap, juragan! Tapi, ke naon tadi téh nya, Gan?"

"Acan anggeus kénéh mikirna, Pir. Ceuk kuring gé ulah dipikiran! Burukeun anggur leumpang!"

"Siap, Gan!"

"Siap, siap, ti tadi, maju atuh leumpang! Lain hulang-huleng!" manéhna miheulaan.

Juragan leumpang kalawan rusuh muru ka jero gang disatukangeunana supir nuturkeun barihulang-huleng.

"Naonnya?"

"Mana imahna?" sanggeus nepi di tungtung gang. "Pir, si éta acan nepi sugan téh tukangeun! Buru atuh leumpang téh!" ngagero.

"Mangga, Gan!" manéhna lumpat, nyampeurkeun.

"Tanyakan! Mana imah kontrakan Sangkuriang, sarua kabéh bangunana, bari loba deuih!?"

"Siap, Gan!".***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.