Sangkuriang Nyaleg (65)
"Manusa biasa?" beuki tarik ngahulengna.
Sangluriang teu nyarita deui ukur neuteup sakeudeung ka tukang parkir, laju malik ninggalkeun éta patempatan.
Tukang parki bati simeuteun, teu ngarta kana naon rupa anu diomongkeun ku Sangkuriang, nu diteuteupna jongjon leumpang muru ka imah kontrakanna nu pernahna tungtung gang.
"Nyaan, poé ieu loba jalma anéh nu geus kabandungan ku kuring?" jung cengkat markiran deui, dibarengan ku hulang-huleng.
Keur jongjon markiran rentang-rentang aya nu datang, éta jalma téh tarurun tina mobil anu cik kéneh diparkirkeun ku manéhna.
"Mang,"
"Kulan, ka, abdi, Sun?"
"Lain ka ka ucing!" omong nu nanya bari seuri kuda.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!