Sangkuriang Nyaleg (56)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, "Nagara saha coba Aléngkadirja?"
"DUSASANA,"
"Kaciri siah ngawadulna?!" omong Rama Bargawa.
"Ngawadul naon kuring?"
"Éta tadi, teu apal?"
"Raja Aléngkadirja?"
"Heueuh, coba saha, Pot?"
"Ari ceuk Rama saha?"
"Saha..nya..poho deui?"
"Lamun kitu mah Mamang lain Rama Bargawa?"
"Manéh gé lain si Cépot siah!"
"Nu garélo adu renyom kénéh, bari teu jelas anu diobrolkeunana?" tukang parkir gogodeg
"Si Garéng ngomongna, Pot? Kawas ngomongkeun urang?"
"Réng, cicing manéh!" si Riweuh ngahuit.
"Naon, Pot?"
"Teu, Rama ayeuna arék tuluy kamana?'
"Kahiji hayang panggih jeung dunungan manéh Gusti Rama, soalna hayang apal getih sorangan, yeuh! Kaduna hayang panggih jeung manusia anu ngaran si Riweuh majar jager cenah, sarta ngajago, balaga!"
"Keun lamun Gusti Rama tas mulang ku kuring dibejakeun! Ngeunaan nu ngaran si Riweuh sarua kuring ogé hayang panggih," omongna.
"Sukur lamun kitu mah, Pot. Jadi sarua manéh ogé boga pasualan jeung mangkeluk anu ngaransi Riweuh, Pot?" tanyana sumanget.
"Kantenan wé,"
"Nyaan nya si Riweuh téh teu kasaha-saha? Jeung manéj naon pasualanana, Pot? Naha nganjuk duit tuluy hésé modol...aéh hésé mayar?"
"Tuh, nya geus pok deui ngabodor? Ulah maksakeun ceuk kuring ogé garing?!"
"Tong kitu, Pot! Sakali-kali mah kula gé hayang,"
"Naon?"
"Pais suung!"
"Sugan kuring ngabodor, Ma?"
"Lain, ari jeung manéh naon pasualannana tah si Riweuh téh?"
"Kepo?"
"Oh, keponya? Kurang ajar atuh lamun kitu mah, dagor caréhamna," omongna kekerot. "Ké ari kepo téh naon?"
"Deuh, sugan téh apal?"
"Kepo téh noong pamajikan batur keur mandi di pancilingan," jawabna.
"Ah, nyaan?" pikirna. Asa beuki parna ieu manusa nu ngaku Rama Bargawa téh, kawasna panyakitna leuwih beurat batan Sangkuriang.
"Naha kalahka ngahuleng, Pot? Teu kudu hariwang, keun cuang téangan jeung kula ari can panggih jeung si Riweuh mah. Sarua kula gé keur néngan manéhna, Pot,"
"Apal kuring gé, mun panggih arék dikumahakeun?"
'Ari manéh apal ka si Ruweuh, rupana siga kumaha, Pot?" tanyana.
"Har, sugan téh?" manéhna ngarasa bungah. "Sarua kuring gé teu apal?"
"Baé ari teu apal hartina aya batur? Urang téangan, salegana gé dunya?" omongna.
"Dunya ceuk emang heurin, da moal ka papay kabéh lah?"
"Ceuk saha, Pot? Gagabah nyarita téh ka papay atuh, ieu buktina, pan nepi ka ayeuna manusa anu ngaran si Riweuh acan kapanggih,"
"Asa lieur, Ma? Maksudna ka mana caritaan Mama téh, Ram?"
"Geus, ayeuna mah kula arék mulang heula isukan panggih deui di dieu! Omat?"
"Ayeuna arék ka mana?"
"Mulang, sakalian ngaliwat ka imah si Riweuh sugan geus balik tah manusa téh! Geus sababaraha poé saprak ditéangan ku kula ngiles ti imah,"
"Baruk? Ceuk saha?"
"Pamajikannana nu ngomong," gilek malikeun awak, gedig leumpang teu malik deui ka tukang.
"Untung?" si Riweuh mencrong tonggong anu leumpang ngajauhan. "Ngan aing jadi disebut si Cépot? Kajeunlah anu penting salamet!" gerendengna.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!