Sangkuriang Nyaleg (51)

ED
Selasa, 27 September 2022 | 05:38 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (51)

“Heug, lamun  kitu mah, Mang! Ditungguan ku kuring di hareup nya? Kadé poho, mang!” omong si Riweuh gagancangan muru ka hareup.

“Ngaganggu waé kula keur héhés téh,” Sangkuriang hudang. Manéhna ngadéd;engékeun gebligna suku si Riweuh anu ngajauhan buruan imah ngontrakanana muru ka hareup.

Kakara ogé si Riweuh anjog ka gigireun tukang parkir, rentang-rentang tangtungan jangkung badah sepir babalingbingan, buuk panjang sarta barodas, kitu deui kumis janggot katut godégna anu patpung ogé barodas. Ngan bédana ieu mah kaayaan awalna seger tur séhat.

“Mang, Parkir?”

“Sumuhun, Nun,”

“Ari éta ayun...ambing...éh na bet, teu meunang ngabodor nya aing mah apanan Rama Bargawa! Nu ngabodor mah keun bagian si Cépot!”

“Leuh, boa ieu mangkeluk téh sarua jeung si Mamang anu ngaku ngaran Sangkuriang sarua geringna. Loba jalma garering ngalencar kieu aingah?” si Riweuh anu kakara pajonghok harita jeung jinisna anu ngaku Rama Bargawa ukur gegerenengan jeung kumecrék.

“Mang, Parkir?”

Halaman :

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.