Sangkuriang Nyaleg (48)

ED
Sabtu, 24 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (48)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Buntutna ngawet, tungkul kana lemah ngagaur laun teu wani ngakat gado komo neteup beungeut Sangkuriang.

Sangkuriang kiwari mah surti, lamu éta maung geus serang bongkokan. Tuluy manéhna dongko, sarta ngusap punduk tapak paneunggeulna.

Maung kakara bisa hojah deui, tapi kiwari mah geus teu wanieun deui narajang, ukur nyuuh hareupeun Sangkuriang saperti patalukan.

"Meugeus, balik silaing!" omongna.

Maung ukur ngagaur lalaunan, tuluy malik ngalénghiy ninggalkeun Sangkuriang anu masih kénéh ngajanteng dina tempatna.

Sanggeus maung nyingkah kakara Sangkuriang néangan tempat keur meuting, tuluy tatanggahan ka luhur.

"Lamun aing sare luhur tangkal asa teu mungkin, kumaha lamun murag? Eieweuh tempat deui lintang ti héés luhur jukut," omongna.

Léngkahna muru ka handapaeun tangkal anu rada hieum, handapna cukuo didadamparan ku daun anu gararing nu murug. Golédag ngagoler. Teu ngingetkeun urusan bahaya jeung teu bahaya anu penting mah bisa saré.

Reup, peureum, teu kungsi lila ogé kérék nyegrék ngaran-ngaran geus capé tea hamo teu tibra.

"Mang, geus hudang?"

"Saha?" Sangkuriang ngoréjat.

"Kuring, Riweuh!"

"Wayah kumaha ieu?"

"Wanci naneut moyan, Mang!"

"Aya naon atuh wayah kiwari, Lur? Karék ogé reup kula saré,"

"Naha karék reup, Mang. Peuting ka mana waé atuh lain dipaké saré?"

"Dipaké ngalamun jeung mikir,"

"Mikir waé jeung ngalamun atuh. Leuheung upama hasil ngalamun éta ditulis bisa jadi tulisan atawa dongeng, lumayan?"

"Lumayan?"

"Geus lah ulah ngabahas anu kitu! Naon maksud wayah kieu ngahudangkeun?"

"Beu, teu solat, Mang!"

"Solat naon?"

"Subuh,"

"Acan,"

"Gusti, wayah kieu acan solat subuh?"

"Tong dibahas, Lur!" omongna. "Dulur naon maksud gegedor ka imah wayah kiwari? Nyaho ti saha imah kontrakan kula?"

"Tukang parkir nuduhkeun! Wayahna tulungan kuring, Mang!"

"Tulungan naon deui?"

"Rama Bargawa arék kadieu,"

"Apal ti saha, Lur?"

"Pamajikan bieu nga WA!"

"Sanghareupan, ulah ku méok méméh dipacok!"

"Teu nanaon ari jeung Mamang mah nyahareupannana,"

"Sok, engké ku kula disampeurkeun lamun bener manéhna datang ka dieu!".***

Hanca....

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.