Sangkuriang Nyaleg (45)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Lep, sakadang maung ngadepong, ngawangun serangan. Sangkuriang anu sapopoéna di leuweung babarengan jeung si Tumang lamun keur moro, kacida surtina kana éta gerakan.
"SOK serang aing ari keukeuh mah siah!" nyorowok.
"Grrr, hhhhmmmm," ngagaur bari luncat arék nekuk genggerong.
"Hiaaaattt!" Sangkuriang ngagiwar ngénca nyingkahan panarajang lawan, sama sakali teu ngabogaan niat hayang nyerang. Padahal lolongkrang kacida gedéna. Matak naon bari ngagiwar ngaheumbatkeun teunggeulan kedet ka katuhu, moal teu ngajebét kana oalipisan.
Clék, maung nincak deui lemah, manéhna malik deui dedepongan siga anu arék ngawahan, sakapeung kukuna anu sareukeut ditémbongkeun bangun ngagigila. Pon kitu deui sihungna anu seukeut.
Sangkuriang teu ngarasa sieun sumawona keueung, da nyanghareun sato naon waé oge ceuk paribasana kalin kakara harita.
"Sok, serang deui aing ari keukeuh mah!" omongna. "Ngan pikeun sakali ieu mah wayahna aing arék ngalawan! Bongan sia atuh eu bisa diparasabenan!"
Sangkuriang tatan-tatan nungguan musuh narajang, da ceuk pikirna gerakan maung mah ngan sarupa pastina ogé ngerekeb bari luncat.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!