Sangkuriang Nyaleg (45)
Sangkuriang tatan-tatan nungguan serangan musuh, bisi sakadang maung narajang deui.
Bener wé sakadang maung nyerang deui ti hareup maksudna hayang nekuk gengerong.
Sangkuriang geus apal kana gerakan lawan, bareng jeung ngajlengna maung manéh ngagiwar ngénca. Ku ngagiwar ogé geus bisa nyababkeun panarajang lawan ngakan angin.
Sanggeus nincak lemah geuntak deui malik, dina gerakan maung lapar, angger ukuir ngagiwar maung ngakan tempat kosong.
Sakadang maung nénjo mangsana lingas téh manéhna beuki ngahanakeun, kiwari mah gerakanna leuwih gancang tinu mimiti. Tapi taya hartinam angger waé nyamos jeung nyamos. Antukna sakadang maung capé sorangan, sababaraha kali ngerahkeun tanaga jeung kakuatanna hayang nekuk musuh, cukup ku ngagiwar, ngeplos.
"Maung, tadi aing geus ngénta dihampura sabab teu ngahaja! Ari silaing maksa terus hayang nandasa aing! Sedengkeun aing mah teu hayang binasa ka silaing," omongna, "Naon hartina terus narajang ogé da moal beunang, kalahka silaing anu béak tanaga," teteupna.
Maung ukur ngagaur bari némbongkeun sihungna anu ranggéténg, bangun ngagigila.
"Najan guar-gaur ogé némbongkeun sihung da ari aing mah teu ngarasa keueung! Moal kapangaruhan ku sima silaing," omongna bangun kesel."Ngan kawana lamun keukeuh silaing hayang ngerekeb deui ka aing, ayeuna kapaksa arék ditindak. Lamun henteu kawasna silaing bakal tuluy narajang ka aing!"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!