Sangkuriang Nyaleg (42)
Kakara ogé dua léngkah, pangdéngé Sangkuriang anu geus kalatih nyaho upama seug ditukangeun aya anu ngadodoho. Padahal ukur rénghapna napas, gancang malik bari ngagiwar ka kénca.
Bareng jeung kitu sakadang maung geus ngajaul kaluhur, clé nincak tapak Sangkuriang waktu tadi nangtung.
Lamun teu kesit, geus tangtu dirina ditekuk lebah punduk. Nénjo musuhna geus aya ditukangeun, gilek Sangkuriang malikeun awak saratus dalapan puluh darajat. Kiwari manéhna adu hareupan jeung maung nu kacida gedéna, tangtunganana ampis saukuran anak kebo. Kadua matana moncorong hurung neuteup tangtungan Sangkuriang nu kakara nincak rumaja.
Sangkuriang anu sapopoéna di leuweung loba diasuk ku si Tumang, nénjo kitu téh dirina mah teu aya riuk-riuk keueung, tenang wé kalawan sayaga, bisi musuh ngayakeun serangan dadakan.
"Heeeemmmmm," ngagaur.***
Hanca...
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!