Sangkuriang Nyaleg (42)

ED
Minggu, 18 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (42)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Getih nu tadina ngucur tina tarang kiwari mah geus mimiti eureunm kawsana katutup ku daun babadotan meunang ngagayem. Tinggal linu sarta nyanyautan lebah tatuna nu kiwari karasa. Sigana neunggeulna cukup tarik ogé. Sahabekna ongkoh jaba nu ngabetakna ogé apanan batok kalapa anu geus nahun.

WANCI geus mimiti nicak ka sareureuh kolot, kakara manéhna ngeureunan léngkah.

"Aing téh manusa? Tangtuna ogé boga rasa capé, tunduh katut lapar." Omongna. "Kabeneran kéncaeun jalan aya sédong pantés sigana lamun dipaké ngalempengkeun cangkéng."

Gilek ngénca, saméméh asup ka jero sédong mulung heula batu. Bisi éta tempat téh aya anu ngeusian.

"Hampura, Lur! Kula ngilu mondok," omongna, ngan blewer wéh batu dibalédogkeun ka jerona.

Kadéngé anu ngageblug dituturkeun ku sorana anu ngagaur handaruan, kawasna nu boga éta sédong téh sakadang maung.

"Jadol! Ucing gening anu ngeusiannana!" taki-taki, bisi anu boga sora norojol.

Ditungguan téh can kaluar kénéh, sorana ogé teu kadéngé deui.

"Sukur atuh ari sia ukur uluksalam mah! Kula moal ganggu, hampura ceuk tadi ogé sugan téh taya nu bogaan!" laju neruskeun léngkah, niatna mah arék néangan tempat lian.

Halaman :

1 2

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.