Sangkuriang Nyaleg (38)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sakuriang ngénta tinimbangan ti si Riweung ngeunaan tawaran Eulis nu nitah digawé di imahna. Naha baris manggihan jalan kaluarna? Nyanggakeun lalakon salajengna!
“AYEUNA mah Mamang tinggal ngabuleudkeun haté kumaha carana sangkan Mamang leuwih deukeut jeung manéhna, ka gedé-hedé bisa meunangkeun. Pasti engké gé témbong aslina.” Omongna.
“Aya benderna tah caritaan Kidulur téh?” Sangkuriang ngahuleng sakeudeung.
“Geus teu kudu ngahuleng ayeuna mah. Téangan cara kumaha carana sangkan Mamang bisa deukeut jeung manéhna. Aya paribasa mun deukeut pasti geugeut,” omong si Riweuh. “Naha ngahuleng téh Mamang bungung kumaha cara ngadeueutannana?”
“Henteu, ogé,”
“Naon atuh? Lamun bingung api-api wé aya anu tinggaleun kitu. Balik deui ka ditu? Lamun di tanya, naon anu tingaleun? Béjakeun, tapak kituh.”
“Ah, Ki Dulur mah nngacapruk nyieun alesan téh. Kuring mah puguh teu kudu nyieun alesan kitu gé dititah datang deui ka imah,”
“Éta gening? Maksudna?” si Riweuh calangap kagét. Ceuk dina haténa piraku Awéwé geulis tur beunghar ngaharepkeun ka lalaki siga si Mamang anu sakitu rudinna. Naon araheunnana?
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!