Sangkuriang Nyaleg (35)
ED
Editor
M Purnama Alam
Minggu, 11 September 2022 | 06:00 WIB
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, si Riweun seja meredih tulung sangkan leupas tina udagan Rama Bargawa, anu mana manéhna keukeuh néangan bari susumbar hayang nyaho kana getih sorangan. Naha baris ditulungan ku Sangkuriang? Nyanggakeun lalakon salajengna!
"TULUNGAN kuring kumaha carana bébas tina udagan éta jalma. Da kuring terus ditéangan, pasti ayeuna ogé keur nénggan ka imah?"
"Nepi ka kitu, Lur?"
"Lamun bisa kuring ngénta élmu keur meruhkeun éta jalma!"
"Ngénta élmu?"
"Heueuh, enya."
"Élmu naon kiwari mah geus lain jamanna, téangan mah kumaha carana sangkan loba nu mikaresep, lain élmu keur gelut!"
"Omongan téh kawas aki kuring waé. Lamun Mamang moal méré élmu, kuring ngilu nyumput atuh di imah."
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!