Sangkuriang Nyaleg (35)

ED
Minggu, 11 September 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (35)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, si Riweun seja meredih tulung sangkan leupas tina udagan Rama Bargawa, anu mana manéhna keukeuh néangan bari susumbar hayang nyaho kana getih sorangan. Naha baris ditulungan ku Sangkuriang? Nyanggakeun lalakon salajengna!

"TULUNGAN kuring kumaha carana bébas tina udagan éta jalma. Da kuring terus ditéangan, pasti ayeuna ogé keur nénggan ka imah?"

"Nepi ka kitu, Lur?"

"Lamun bisa kuring ngénta élmu keur meruhkeun éta jalma!"

"Ngénta élmu?"

"Heueuh, enya."

"Élmu naon kiwari mah geus lain jamanna, téangan mah kumaha carana sangkan loba nu mikaresep, lain élmu keur gelut!"

"Omongan téh kawas aki kuring waé. Lamun Mamang moal méré élmu, kuring ngilu nyumput atuh di imah."

"Maké kudu nyumput siga lain lalaki?"

"Sanghareupan! Ki Dulur téh lain jager?"

"Disanghareupan gé lamun piéléheun mah percumah!"

"Ulah pupulur méméh mantun, Lur? Manéhna ngajorag? Naon salagna jorag derui iulah éléh géléng!"

"Percumah, Mang! Dijorag ogé ari ukur arék sosoro kojor mah!" témbal si Riweuh.

"Naon pasualanna make diudag-udag atuh? Pédah ditagih icuk colé waé?"

"Lain,"

"Naon atuh?'

"Rumasa kuring geus nangtang ribut ka manéhna? Ari sugan téh moal kieu kajadianna,"

"Aya, aya, waé anjeun mah, Lur. Nu matak hirup téh ulah nyieun masyalah, lamun hayang tingtrim, da ieu mah bonganna dijieun ku sorangan. Wayahna sanghareupan ku sorangan?"

"Rumasa lebah dieu mah kuring salah, Mang. Lamun lain seug éta mah jalma tanggtu kuring ogé moal ngarasa keueung. Da ieu mah jago kolot, ngomongna gé aing teh hayang a[al kana getih sorangan cénah. Lantaran nepikeun ka kiwari can kungsi aya nu ngélehkeun dina urusan gelut."

"Asa kungsi ngadéngé tah kana omongan modél kitu mah, Lur."

"Iraha?"

"Lamun kabeneran ngadéngékeun wayang dina radio, dalangna téh gening anu sohor téa jaman harita?"

"Osok kitu nyétél radio? Mémang di jaman baheula aya radio?"

"Teu baheula-baheula teuing,"

"Lamun kitu mah Mamang téh atuh lahir jaman kiwari lain bihari? Ongkoh ngaku Sangkuriang,"

"Mémang salah kitu? Kula kungsi nyarita lamun umur téh geus rébuan taun. Méméh aya gunung tangkuban parahu, radio mah anyar kénéh atuh kakara ratusan taun saprakna aya Walanda ngajajah urang,"

"Beu, si Mamang nyaan apal sajarah?".***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.