- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sakuriang pamitan ti imah Eulis ngarasa tugasna geus bérés. Kitu peta téh luyu jeung jangngji anu geus dikedalkeun saméméhna da ari sategesna mah mémang patojaiyah jeung eusi haténa. Ogé saditinggalkeunana Eulis ku Sangkuriang ampir neundeun harepan anu sarua, malah siga aya sikep anéh nu disanghareupan ku Eulis ogé si Ngedul. Rusiah anu ngancik ditilu mahluk éta? Nyanggakeun lalakon salajengna!
"OH, ENYA, rarasaan téh Sangkuriang aya kénéh di dieu?" cék anjing.
"Har, apanan tadi geus ngaléos," Eulis ngarangkul anjing anu ngaranggahkeun kadua suku hareupna, laju manéhna deku hareupeunana. Kadua leungeunna dibeulitkeun kana tonggong anjing.
***
Si Riweuh lamun ngaliwat ka lebah parapatan nu pernahna di sisi jalan aya batu anu osok didiukan ku Sangkuriang. Unggal ngaliwat remen dirérétan, kitu sotéh satutas dirina ditulungan ku Sangkuriang da ari saméméhna mah teu kitu.
"Anéh ampir nincat bulan ka tilu aing teu kungsi neuleu deui manusa anu ngaku ngaran Sangkuriang. Naha ka mana éta manusa?" léok motorna dipéngkolkeun, reg eureun lebah batu cadas. "Nyaan ku mindengna didiukan mah hérang ogé batu, tapi ampit nincak tilu bulan mah geus pinuh ku kekebul," gerendengna.
"Di mana ngajedogna tah si Mamang anu ngaku Sangkuriang téh? Aya jaman modern kieu nu leuwih édan batan aing, maké ngaku ngaran Sangkuriang sagala néngan anu ngaliwet, aéh ngaliwat, maksud aing téh! Dipelongan hiji-hiji, sugan aya Dayang Sumbi leumpang, Nyaan édan jaman!" gegerendengan sorangan.
"Di mana imahna tah si Mamang? Aing mah kataji ku kasaktianana wé, éta mangku motor ukur ku sabeulah bari ngansagiriwil. Kakara kapikir ayeuna lamun éta jalma téh najan rada kurang sasetrip boga élmu. Boa pangaruh élmu kitu? Tapi da ari ngobrol mah normal teu siga nu pegat. Ngan pegatna téh lamun geus nyabit ngaran Dayang Sumbi sarta ngaku ngaran Sangkuriang! Géhél aing éléh lebah dieu mah ku kituna, teu kireum-kiteum deuih. Tapi manéhna kiwari aya di mana atuh?" laju gogoléran luhur batu.
Bari gogoléran gé ari matana mah teu peureum, malah juru matana sakapeung ditujukeun ka tukang parkir.
"Tukang parkir kawasna apaleun?" jung cengkat.
"Aya naon, Riweuh?" tukang parkir ngadégdék nénjo nu anyar datang téh.
"Kunaon, Lur? Siga nu sieun neuleu kuring téh?"
"Rareuwas wé kuring mah tara-tara ti sasari, Weuh?"
"Teu kudu reuwas, kuring mah ukur arék nanyakeun sugan anjeun apal?"
"Naon téa?".***
Hanca....