Sangkuriang Nyaleg (26)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Doktor pamitan sarta dijajapkeun ku Sangkuriang jeumg si Ngedul nepikeun ka lawang gerbang.
SANGKURIANG asup deui ka imah bareng jeung si Ngedul. Sajeroning leumpang haténa teu puguh rasa. Naha éta awéwé anu ngajepat di kamar handap téh bener jalma anu keur diteanganana atawa lain. Tapi da jelas heueuh, éta téh Dayang Sumbi. Aing mah moal poho nanjan geus rébuan taun ogé.
Naha bender éta téh Dayang Sumbi? Nyanggakeun lalakon salajengna!
"Kunaon deui manéh ngalamun, Sangku?"
"Hayang apal waé manéh mah, Jing?"
"Geulisnya dunungan urang mah?" anjing ngaheureuyan.
"Heueuh da awéwé! Lain, Jing. Ari dunungan anjeun saha ngaranna?"
"Endén Eulis, Sangku. Naha manéh jiga nu naksir? Teu meunang kitu kapidunganeun mah!"
"Saha nu naksir? Kula mah ukur nanya!" teugeug.
"Sangkuriang," kadéngé nu boga imah ti kamar ngageroan.
"Kula!" Sangkuriang gura-giru muru ka kamar.
"Sangkuriang, ayeuna mah kabandungan ku anjeun. Kuring bener-bener butuh pagawé nu kesit sarta gedé tanaga kawas anjeun. Naha siap narima tawaran kuring?" tanyana, awak mah tetep ngajepat.
"Ké, saacan kula narima jeung henteuna jadi pagawé di dieu. Kula arék nanya,"
"Nanyakeun naon?"
"Saha ngaran anjeun téh?"
"Eulis," jawabna pondok.
"Eulis?" Sangkuriang ngahuleng. Naha gening bener anu disebutkeun ku anjing téh ngaranna lain Dayang Sumbi. Tapi naha atuh rupana persis manéhna, teu bisa dipiceun najan sasieur ogé. Naha aing anu salah tempo? Tapi mustahil salah tempo?
"Naha kalahka ngahuleng?" tanyana, ngabuyarkeun lamunan. "Lamun téa mah anjeun teu sanggup atawa nolak teu nanaon? Ngan lamun kuring ngénta tulung ka anjeun salila kuring acan cageur kira-kirana bisa teu? Teu nanaon tidinya mah ajeun moal rék nyumponan jadi pagawé gé di imah kuring."
"Ké," garo garo teu ateul.
"Urusan bayaran mah teu kudu bingung. Tangtu ku kuring ditedunan," jelasna.
"Lain kitu maksud téh," ras inget, kumaha upama téa mah Eulis hayang ka cai atawa butuh nu ngarawat. "Nya teu nanaon atuh keur saheulaanan mah,"
"Sanggup?" imutna mani kareueut.
"Enya," Sangkuriang dibéré imut anu kareueut siga kitu mah ampir-ampiran giung, katurelengan.
Sangkuriang éléh déét, nu antukna pikeun saheulaanan mah dirina teu bisa kaluar ti éta imah. Manéhna ka talian ku jangji ngarawat sabisa-bisa ka Eulis minangka dunungannana. Sok padahal mah teu ka iket ku parjanjian jadi pagawéna.
Waktu terus nyérélék, tina poé ganti minggu, tina minggu ganti bulan. Manéhna maturan Eulis di éta imah ukur dibaturan ku anjingna nu ngabogaan ngaran si Ngedul.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!