Sangkuriang Nyaleg (26)
"Eulis?" Sangkuriang ngahuleng. Naha gening bener anu disebutkeun ku anjing téh ngaranna lain Dayang Sumbi. Tapi naha atuh rupana persis manéhna, teu bisa dipiceun najan sasieur ogé. Naha aing anu salah tempo? Tapi mustahil salah tempo?
"Naha kalahka ngahuleng?" tanyana, ngabuyarkeun lamunan. "Lamun téa mah anjeun teu sanggup atawa nolak teu nanaon? Ngan lamun kuring ngénta tulung ka anjeun salila kuring acan cageur kira-kirana bisa teu? Teu nanaon tidinya mah ajeun moal rék nyumponan jadi pagawé gé di imah kuring."
"Ké," garo garo teu ateul.
"Urusan bayaran mah teu kudu bingung. Tangtu ku kuring ditedunan," jelasna.
"Lain kitu maksud téh," ras inget, kumaha upama téa mah Eulis hayang ka cai atawa butuh nu ngarawat. "Nya teu nanaon atuh keur saheulaanan mah,"
"Sanggup?" imutna mani kareueut.
"Enya," Sangkuriang dibéré imut anu kareueut siga kitu mah ampir-ampiran giung, katurelengan.
Sangkuriang éléh déét, nu antukna pikeun saheulaanan mah dirina teu bisa kaluar ti éta imah. Manéhna ka talian ku jangji ngarawat sabisa-bisa ka Eulis minangka dunungannana. Sok padahal mah teu ka iket ku parjanjian jadi pagawéna.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!