Sangkuriang Nyaleg (19)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, nalika Sangkuriang arék mulang, anjing nu tadi ditulungan nagog kénéh, kawas aya anu rék ditepikeun. Ku sabab Sangkuriang hirup babarengan lila jeung si Tumang, ahirna bisa narjamahkeun bahasa anjing. Naon atuh anu rék ditepikeun anjing ka Sangkuriang téh? Nyanggakeun lalakon salajengna!
"SOK atuh caritakeun! Ari éta pasoalan dianggap penting mah!" omong Sangkuriang, gék luhur batu nu biasa sok dipake diuk ku dirina.
'Tadi urang sajajalan pikiran téh tagiwur, haté lelenyapan. Nu matak wajar nalika motor si Riweuh nyemprung teu katitén,"
"Gening apal ka si Riweuh?"
"Tuh geus motong deui waé!"
"Sok teruskeun!"
"Ahirna urang kapangpéngkeun nepikeun ka suku nyelap kana pager. Untung teu pati tarik ngajalankeunana,"
"Geus, éta mah nyaho!"
"Heuh, sukur nyaho mah." Anjing ngarandeg, napasna ngahégak létahna ngelél. "Urang téh sategesna ninggakeun dunungan awéwé sorangan di imah. Manéhna kiwari butuh bantuan,"
"Naha di imah taya jalma séjén salian manéh, Anjing?"
"Nyasat aya mah! Hayu buru tuturkeun urang!" Anjing nyéréd tonggong Sangkuriang ku sirahna.
"Teu nanaon ari énya mah kitu!" Sangkuriang cengkat tina diukna, jung nangtung.
Anjing miheulaan salaku nu tuduh jalan, disatukangeunana Sangkuriang nuturkeun.
"Lain, Jing. Ari ieu téh deukeut atawa jauh?"
"Manéh maké kudu nanya deukeut jauh sagala? Naha teu inget baheula manéh leuleumpangan mapay jagat, terus ngulon? Saméméhna manéh digémbléng lulumpatan di leuweung ngudag-ngudag sato boroan. Piraku ayeuna épés méer?!" cék anjing norowélang.
"Naha geuning silaing gé apal, Jing?" Sangkuriang ngadadak conggah. "Anéh?"
"Naon anu anéh, Sangku?"
"Naha antara manéh jeung si Riweuh aya hubungan?"
"Hubungan nanahaon maksudna?"
"Nya katalian ku,"
"Tong mikir anu anéh-anéh ayeuna mah! Tuturkeun wé gurat kahirupan ka mana ngagarisna," cék anjing.
"Tuh, nya," Sangkuriang kerung. Ngarasa anéh ku caritaan anjing. "Naha caritaannana kawas,"
"Geus jémpé, urang geus mimiti nepi ka tempat hara-haraeun!" cék anjung angger leumpang ti heula.
"Rék ka mana ieu? Urang geus kaluar ti pilemburan naha bras ka leuweung?"
"Mémang urang arék ka leuweung," jawab anjing.
"Arék nanahaon jor-jor ka leuweung! Jaba poék, nanjak ongkoh?!" kukulutus.
"Tadi urang geus nyarita ka manéh, Sangku!"
"O, kitu! Pantés atuh euweuh jalma nu bisa méré bantuan ari di leuweung mah. Naha keur naon atuh peuting-peuting cicing di leuweung?".***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!