Sangkuriang Nyaleg (19)
"Heuh, sukur nyaho mah." Anjing ngarandeg, napasna ngahégak létahna ngelél. "Urang téh sategesna ninggakeun dunungan awéwé sorangan di imah. Manéhna kiwari butuh bantuan,"
"Naha di imah taya jalma séjén salian manéh, Anjing?"
"Nyasat aya mah! Hayu buru tuturkeun urang!" Anjing nyéréd tonggong Sangkuriang ku sirahna.
"Teu nanaon ari énya mah kitu!" Sangkuriang cengkat tina diukna, jung nangtung.
Anjing miheulaan salaku nu tuduh jalan, disatukangeunana Sangkuriang nuturkeun.
"Lain, Jing. Ari ieu téh deukeut atawa jauh?"
"Manéh maké kudu nanya deukeut jauh sagala? Naha teu inget baheula manéh leuleumpangan mapay jagat, terus ngulon? Saméméhna manéh digémbléng lulumpatan di leuweung ngudag-ngudag sato boroan. Piraku ayeuna épés méer?!" cék anjing norowélang.
"Naha geuning silaing gé apal, Jing?" Sangkuriang ngadadak conggah. "Anéh?"
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!