Sangkuriang Nyaleg (17)

ED
Rabu, 24 Agustus 2022 | 06:00 WIB
Bagikan
Sangkuriang Nyaleg (17)

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang tepung jeung hiji jalma nu ngaran si Riweuh mun nyarita sajeplakna. Malah Sangkuriang ngabogaan anggapan lamun si Riweuh bisa neguh kana jalan pikiranana. Nu paling héran pikeun dirina éta jalma téh kawas nu apal kana lalakon hirupna. Naha saha ari si Riweuh? Nyanggakeun lalakon salajengna!

"AH, MANG, naha nu kitu kudu dipikiran sagala! Naon atuh kauntungannana keur urang maké kudu nguruskeun kana urusan percaya teu percaya. Mémang mun kuring percaya bakal ngadadak beunghar, terus lamun teu percaya ngadadak miskin. Moal taya pangaruh kana kahiupan kuring mah! Kitu kieu gé kumaha kuring," bari pepeta.

"Bener, ogé," Sakuriang ukur ngahuleng. "Sabenerna ieu jalma téh naha bener nyaho kana kayaan kula baheula atawa kumaha?"

"Tuh, kakara dibawa ngobtol kitu geus ngahuleng deui waé Mamang mah! Geus ceuk kuring gé lamun bener hayang ka awéwé, tadi koncina. Kahiji beunghar, loba duit, kaduana boga kalungguhan. Sok hayang nu kumaha? Bisi hayang bukti kuring bisa ngabuktikeun!" ngayakinkeun.

"Jadi Kiriweuh apal?"

"Naon?"

"Kabogoh..."

"Sangkuriang? Dayang Sumbi, Mang."

"Naha apal?"

"Kusabab Sangkuriang kabeurangan, nya, Dayang Sumbi kabur! Matak hirup téh ulah loba kabeurangan. Sangkuriang gé kabeurangan mah dipangejatkeun. Sok hésé ngarah rejeki ongkoh cék kolot mah, Mang."

"Tapi datangna pajar téh kawasa lain dina waktuna?"

"Tuh, si Mamang geus pok deui, ngabéla Sangkuriang sagala," jung cengkat ngadeukeutan motorna. " Mang, isuk pagéto panggih deui nya? Bisi aya kaperluan, boh Mamang atawa kuring. Kuring pasti nepungan Mamang. Mamang mah gampang ditéangannana, tukang nungguan batu di trotoar,"

"Geuning apal, Lur?"

"Unggal poé ngaliwat kadieu atuh, Mang! Ngan dikersakeun panggih jeung wawuh téh bubuhan wé aya kajadian siga tadi," gerung ngahirupan motor. Dina haténa galécok, teu jauh tina sangkaan, jalma ieu téh kitu geuning. Motor ngabiur ninggalkeun Sangkuriang nu masih nangtung.

"Naha éta jalma kawas anu apal kana lalakon hirup kula. Boa manéhna téh lain manusa samanéa. Moal kitu lamun umurna siga kula geus rébuan taun. Pohaci nu ngahaja nyamar jadi manusa?" kerung.

Motor nu ditumpakan ku si Riweuh geus ngiles kateureuy ku léokna péngkolan. Gilek, Sangkuriang malikeun awakna maksudna arék mulang ka imah kontrakannana.

"Gog, gog," anjing anu tadi ditulungan ngagogogkan kawas anu hayang nyarita.

"Duh, geuning andika can nyingkah, Jing?".***

Hanca...

Komentar (0)

Tulis Komentar

Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!

VisiNews Club

Nikmati Berita Tanpa Batas & Benefit Eksklusif!

Dapatkan Kaos & Merchandise eksklusif setiap bulan dengan berlangganan Visi News.