Sangkuriang Nyaleg (17)
"Naha apal?"
"Kusabab Sangkuriang kabeurangan, nya, Dayang Sumbi kabur! Matak hirup téh ulah loba kabeurangan. Sangkuriang gé kabeurangan mah dipangejatkeun. Sok hésé ngarah rejeki ongkoh cék kolot mah, Mang."
"Tapi datangna pajar téh kawasa lain dina waktuna?"
"Tuh, si Mamang geus pok deui, ngabéla Sangkuriang sagala," jung cengkat ngadeukeutan motorna. " Mang, isuk pagéto panggih deui nya? Bisi aya kaperluan, boh Mamang atawa kuring. Kuring pasti nepungan Mamang. Mamang mah gampang ditéangannana, tukang nungguan batu di trotoar,"
"Geuning apal, Lur?"
"Unggal poé ngaliwat kadieu atuh, Mang! Ngan dikersakeun panggih jeung wawuh téh bubuhan wé aya kajadian siga tadi," gerung ngahirupan motor. Dina haténa galécok, teu jauh tina sangkaan, jalma ieu téh kitu geuning. Motor ngabiur ninggalkeun Sangkuriang nu masih nangtung.
"Naha éta jalma kawas anu apal kana lalakon hirup kula. Boa manéhna téh lain manusa samanéa. Moal kitu lamun umurna siga kula geus rébuan taun. Pohaci nu ngahaja nyamar jadi manusa?" kerung.
Motor nu ditumpakan ku si Riweuh geus ngiles kateureuy ku léokna péngkolan. Gilek, Sangkuriang malikeun awakna maksudna arék mulang ka imah kontrakannana.
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!