Sangkuriang Nyaleg (13)
Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon saméméhna, meunang sawatara jongjongan mah Sangkuriang ukur ngahuleng, kadua matana neuteup bangké anjing anu boborot ku getih, ngagolér dina lahunan.
"HAMPURA, Tumang. Naha atuh andika kalahka luncat kana hareupeun boroan anu arék disasar ku panah kula?" ngusapan hulu si Tumang. "Kaula weléh teu ngarti? Naon sabenerna anu rék dilakukeun ku andika, kawas teu surti. Tara-tara ti sasari meta kitu. Biasana gé andika sok ngajauhan lamun kula keur nyasar boroan ku panah téh?" tarangna kerung. Naon anu baris kajadian satutas si Tumang perlaya? Nyanggakeun lalakon salajengna!
Dihenteu-henteu ogé Sakuriang téh wawuh jeung si Tumang lain kakara sapoé dua poé, tapi ti sainget dirina éta anjing geus aya. Purah maturan dirina kama baé, malah mah ngasuh nepikeun ka nincak rumaja.
Nu tangtuna dirina jeung si Tumang téh asa jeung sobat dalit. Najan si Tumang wujudna anjing, béla jeung ka satiaanana mah teu bina ti manusa. Éta nu nyababkeun dirina ngarasa kaleungitan.
Nu matak hélok keur Sangkuriang mah peta si Tumang dina poé harita mémang kawilang anéh.
"Nyaan teu kaharti? Naha si Tumang maké kudu lumpat ka hareupeun kula nu keur ngaleupaskeun panah tina jamparing?" nepak tarang. Héran.
Najan éta perkara téh teu kapikiran tasa héran jeung nyaah ka si Tumang pacampuh. Disagigireun kitu waktu mingkin nyérélék ka wanci sareupna.
"Omat poé ieu ema pangalakeun ati mencek!" paménta indungna tadi isuk asa napel kénéh dina kekendangan.
"Duh, ema. Poé ieu kula ninggang di apes! Boroan euweuh hiji-hiji acanm nu sidik mah si Tumang tiwas?' ngahuleng sakedapan.
Ras ka Indung boga paménta rupa kitu. Ras deui ka si Tumang nu sakitu nyaahna ka soi Tumang. Nyaahna nu jadi indung ka si Tumang taya bédana jeung kanyaah ka dirina. Ka si Tumang téh teu siga ka sato nyaahna, kawas nyaah ka manusa.
Sangkuriang bingung ku dua ku tilu. Lamun bangké si Tumang di bawa tinangtu dirina baris disalahkeun kunu jadi indung. Najan kumaha waé alesannana pasti dirina diannggap salah.
Di séjén pihak, indungna nu hayang pisan ati mencek tangtu ogé bakal hanjelu, naha teu beubeunang?
Meunang sawatara jongjongan Sangkuriang ngahuleng, ngahurunbalung ku tulang. Teu lila nyéh seuri sorangan bari ngagerendeng.
"Bener, euweuh deui jalan? Matak naon lamun ati si Tumang, bangkéna ruang. Moal katnyaan sugan, anggap wé anjing can mulang." Sret, nyabut badi nu disesepkeun lebah cangkéngna.
Deku gigireun bangké anjing, laju ngajalankeun naon rupa nu digerendengkeunnana. Sanggeus réngsé sagalana, jung cengkat, tuluy leumpang ninggalkeun kuburan anjing.***
Hanca....
Berita Terkait
Komentar (0)
Tulis Komentar
Belum ada komentar untuk artikel ini. Jadilah yang pertama memberikan tanggapan!